Sigana kuring leuwing condong ka paribasa MJ tadi keur urang Sunda 
mah..."Ngahampura tapi tetep mieling atawa teu mopohokeun"!  Kalolobaan nu 
ngagung-ngagung gajah mada atawa majaphit sok kaleuleuwihi lat poho kanu 
lianna, ieu mah ketang nu kabandungan ku kuring. Komo deui lamun ngadongengna 
bari asa aing pang akangna.....keur kuring (nu epes meer alias gancang ka 
seureud), rumasa sok ngarasa cua. 
   
  Duka tah...naha nu ngarang teh apaleun yen:
  1. Raja Galuh jeung Raja Majapahit teh masih keneh dulur sabrayna, nya?
  2. Waktu Majapahit diserang ku Demak, urang majaphit ngungsi ka Galuh nu 
ngabalukarkeun raja Galuh & raja Sunda turun tahta
  3. Priangan perenah "dijajah" ku Mataram, sanajan ceuk kasarna nyanggakeun 
beuheung teukteukeun
  4. Pasukan/Rahayat Dipati Ukur nu sumerah...lalakina dihukum pencit, peprek, 
awewena dijadikeun nu teu pararuguh....(cobi tinggal postingan bah willy&kang 
Ganjar dieu millist judulna riwayat Dipati Ukur) 
  5. Taun 50-an, di Bandung aya gerakan nu nentang Javanesse centris, tapi pan 
lain urang sunda wungkul, aya batak, manado jeung maluku. Oge lain di Bandung 
wae disakuliah endonesia pan? 
   
  Punten....ieu sanes ngarinci "kacidana" batur tapi ceuk pamadegan kuring lain 
ukur gajah mada/pembantaian bubat nu ngabalukarkeun cara pandang urang Sunda 
sakumaha nu dituliskeun ku nu ngarang novel eta....meureun kitu oge! Da keur 
kuring mangrupakeun pertanyaan badag enjum oge....carita kolot teh yen urang 
jawa teh lanceuk jeung carita atawa babasan nu lain-lainna. 
   
  Awewe urang Sunda ka koncara pidunya....malah kuring pernah dipapatahan 
kuhiji awewe "educated" urang peuntas ulah kawin ka awewe Sunda cenah. Ceuk 
hiji buku sajarah kota/wewengkon di tatar Sunda, ieu carita teh (awewe sunda 
pidunya) asalna ti urang Sunda (Galuh) keneh...nu teu panuju ka raja Galuh nu 
indit ka Bubat, mahiwal pihak awewe nu datang ka pihak lalaki. Mun bener teh 
euy....beu, paingan aya paribasa "Harga susu meulit beuheung" jeung "Tong 
sakenyot-kenyotna, mun lain kenyoteunana". 
   
  Enya, pepetasan badag enjum dijieun surutu....hehe
   
  siporenges
  ceuk meureun...forget it weh!
   
  Dina jero kecap-kecap panganteur anu ditulis dina novel Gajah Mada – Perang 
Bubat, Langit Kresna nulis:
   
  Kondisi yang demikian tentu kontra produktif. Rasa tidak suka orang Sunda 
kepada Gajah Mada yang berimbas menjadi tidak suka kepada orang Jawa itu sama 
saja dengan cara pandang orang Indonesia terhadap Belanda yang pernah menjajah 
Indonesia .
   
  Naha bener kitu saperti kitu? Sanajan henteu suka ka Gajah Mada, rarasaan 
kuring urang Sunda mah henteu mikangewa seler sejen. Asa kaleuleuwihi inyana 
boga statement saperti kitu. Ah nyanggakeun ka para mitra sadaya eta mah.


       
---------------------------------
Take the Internet to Go: Yahoo!Go puts the Internet in your pocket: mail, news, 
photos & more. 

Kirim email ke