Ti rerencangan

Subject: Lulucon...

 

 

Awut-Awutan 

Kabayan : "Bandung geus 193 taun tapi kalah awut-awutan, naon nya?"
Dihra : "Cek kuring mah pajabatna teu baraleg!" Acuy : "Cek kuring mah
masarakatna teu baraleg!" Kabayan : "ke...ke...ke... bener oge, hartina
pajabat hese ngahijina jeung masarakat." Olot : "Lamun kitu ngarana
barelegug!". (Faulina-Bandung)
SEUSEUHAN
Tukang runtah maca spanduk " Bandung yang ke-193, Kita Bersihkan Kota"
Tukang runtah : "Ku Aing seuseuhan heula pajabatna!!!"
Ki Emod : "Euleuh-euleuh...."
(Faulina-Bandung)

BANDUNG
Pa Hudri: "Bandung macet, hirupna ngagencet!"
Jumsin : "Jalan renjul, Pajabat baregejul!"
Pa Hudri : "Naon, aing teh pejabat walikota anyar!"
Jumsin : "Punten atuh..." 
(Yaya-Bandung)

TEU NARIMAKEUN
Aya hiji pasen mariksakeun panyakitna ka dokter.
Dokter: "Teu nanaon, Pa. Bapa mah mung katarajang bisul."
Pasen : "Bisul?? Piraku?? Teu lepat, dokter??
Dokter : "Henteu.... naha kitu??
Pasen : "Piraku atuh, pa Dokter. Pan abdi teh direktur. Piraku bisul."
Dokter: "Ari kitu kedah naon??"
Pasen : "Nya minimal lever, jantung, kanker, atawa setruk, anu rada elit
we atuh."
Dokter: (dina hate) "Euh, teu narimakeun pisan, untung dibere panyakit
ge......."
(Iim Nurhalimah-SMK1 Ciamis)

SALAH TETEMPOAN
Ikah : "Cing teguh, naon anu tikajauhan hideung, tapi ari dideukeutan
jadi bodas??"
Ani : "Salah tetempoan meureun."
Ikah : "Eh, enya geuning pinter." 
(Iim Nurhalimah-SMK1 Ciamis)

PERCAYA
Si Endul naek angkot, dihareupeunana aya panumpang budak sakola, awewe. 
Eta budak teh jiga nu nilik2 wae ka si Endul teh. Atuh si Endul teh jadi
kaeraan.
Budak awewe : (Bari terus melong ka si Endul) Bener oge, geuning. 
Si endul : (Panasaran) Naon, Neng nu leres teh??
Budak awewe : Oh, eta, Akang.
Si endul : Naon kitu??
Budak awewe: Tadi teh guru sejarah di sakola nyarioskeun teori Darwin,
cenah manusa teh asalna tina monyet. Tadina teh abdi teu percanten. tapi
pas ningali Akang, asa enya, percanten ayeuna mah.
(Iim Nurhalimah-SMK1 Ciamis) [MANGLE: 1933, 2-8 Oktober 2003]

 

Kirim email ke