mj,
di Sumedang ge seueur tempat piknik. Mangga bilih bade ka Cibingbin.....moal
eleh jeung Puncak. Sanajan leutik.....Di Cibingbin aya temapt mancing(sanes
mancing konde..tapi mancing lauk). Oge tiasa dipake kemah, alamna alus pisan ,
waktos kapungkur mah masih keneh sepi, toangan paling dinya teh. Sataun kamari
abdi kadinya deui tos aya warung warung.
Upami di teraskeun ka luhur anu pamandangan leuwih sae tur leuwih hebat
Margawindu,aya hiji kampung leutik namina Cisoka anu nuansa-na teh tangkal cau
sabab sakurilingna pinuh ku tangkal cau sareng daunna seueur anu gararing,
kararas. Sisi pisan leuweung jalan ka Cibugel, kataji tah ka kampung Cisoka,
ngan sababaraha umpi, anu warga nateh metik teh. Aya hiji mushola super alit
sareng sakola(sasakolaan). Kusabab sakola anu darurat pisan, mung aya dua atawa
tilu rohangan kanggo 6 kelas anu muridna ngan ti eta kampung wae.
Abdi teh hoyong nganbtu ka kampung ieu namung ca tiasa dina masalah
pendidikannana....KUMAHA PETINGGI KUSNET UPAMI NINGAL KA DAERAH IEU SAKANTENA
PIKNIK!!!!.
Salian ti tebih sareng di ujung pisan, upami ka tonggoh teras ningal ka lebah
kaler jiga asa di Swiss euy...(jiga nu geus ka swiss).
Foto Maragwindu :
http://pub31.bravenet.com/photocenter/album.php?img=75890&usernum=2625373781
kampung Cisoka aya diguriwek(handapeun) ieu foto....
http://pub31.bravenet.com/photocenter/album.php?img=75882&usernum=2625373781
http://pub31.bravenet.com/photocenter/album.php?img=75886&usernum=2625373781
Eh enya tong hilap upami bade ka Cibingbin, Margawindu, Cisoka lebet ti jalan
anu caket alun-alun Sumedang(seueur ojek). Pokokna aya plang jalan ka Cibingbin.
Sanes promosi sanes iklan ieu mah mung ngabejaan.....
Sahman
Hoyong ngajadikeun lemah cai janten Ekoturism....
"mencintai alam priangan"
mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kanu bade piknik usum pere ayeuna, di Sumedang aya tempat piknik, sigana
anyar. Dina brosurna aya balong, vila, tempat flying fox, golf, jsb. Kampung
toga namina, lokasina di jalan nu nuju ka makam cut nya dien. Dina brosurna
mah aya webna, kampungtoga kitu, tapi teu on.
Lanceuk beuteung kamari sapiri umpi piknik ka dinya.
www.friendster.com/sahman
www.geocities.com/ex_orientelux
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com