Kang, urang Sunda mah balalageur, daek ngaku dulur ka urang Jawa. Lamun urang 
Jawa sabalikna oge kitu, kacida alusna.

Tapi pernah kuring nyarita ka sobat urang Jawa pituin: "pak, setelah 
mempelajari sejarah ternyata orang Sunda sama orang Jawa itu saudara". 
Tanggapannana: "Tunggu dulu, siapa yang lebih tua ya antara orang Jawa dan 
orang Sunda?" Jadi kacirina embung diaku dulur anu sadarajat teh.

Jadi inget waktu kuliah di ITB, mindeng ditanya ku urang Jawa: "Kenapa yah di 
ITB banyaknya mahasiswa dari Jawa bukan dari Sunda?" eta teh patanyaan ti kaum 
intelektualna. Pertanyaan eta karasan ku kuring mah meni nyeletit kana hate.

Hal ieu mangrupa bibit buit pecekcokan teh. Kuduna lamun Indonesia hayang aman 
tingtrim mah tiap suku bangsa teh kudu silih hargaan, ulah ngarasa leuwih 
unggul ti batan seler lainna. Mudah-mudahan wae bisa ngawujud kaayaan silih 
hargaan teh.


brad porenges <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  

Sakapeung kuring sok ngalamun teu pararuguh...boa-boa nagara urang nu diwangun 
ku mangratus-ratus bangsa teh kurang cop nerapkeun pupuhu sajarah, matakna 
remen aya nu hayang misah. Heueuh...siporenges kuring, pan leuwih cop make 
pupuhu sajarah yen bangsa Endonesia teh geus tibaheulana oge dulur (Sundaland & 
Pangeran Wangsakerta), jadi pantes duduluran oge! Lain jadi dulur alatan sarua 
patalukan (majaphit  & sriwijaya). Sanajan dua-duana ngamungkinkeun, pan?  
   






Asep

       
---------------------------------
Pinpoint customers who are looking for what you sell. 

Kirim email ke