ari dibatur mah reup sakeudeung terus ngagebray deui.
ari diurang mah reupna nepika 20 menit sagala.
meuni nyeri beuheung sosonggeteun nungguanana.
palatih ti arab nepikeun ka gogodeg, pamaen korsel loba nu gagayahan dilapang.
untung euweuh tukang sate kalangsu kadinya, pan tukang sate mah resep na poek.

boa matak lila ge meureun pas digilekeun kana genset,
gensetna euweuh solaran, atuh kudu ngantri ka pom,
di pom kaburu beak da pasokanana terbatas, gidig ka kios 2 tax.
kacipta mana teuing geumbreungna tukang desel harita.
sr

  ----- Original Message ----- 
  From: aWin 
  To: [email protected] 
  Sent: Thursday, July 12, 2007 2:48 PM
  Subject: RE: [Urang Sunda] Ngerakeun euy!



  Hehe, naha bet ngerakeun, pan di endonesa mah ngerakeun tehh atos biasa, 
heuheuy deuh.tapi sanes di edonesa wae, pami teu lepat nuju piala Copa Amerika 
oge pas brasil kitu??? Saurna sami aya selingan pareum lampu.


  Wass

  Awin


  From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of 
waluya56
  Sent: Thursday, July 12, 2007 2:08 PM
  To: [email protected]
  Subject: [Urang Sunda] Ngerakeun euy!


  Lain euy, na mani asa ngerakeun pisan nya? lampu pareum keur acara 
  maen bal Piala Asia di Stadion Senayan. Kumaha eta teh? Mangkaning 
  disiarkeun ka sakuliah Asia/Dunya. Meureun ceuk urang Eropah 
  teh : "Nya teu salah, ngalarang airliner ti Indonesia hiber 
  kadieu....."

  Baktos,
  WALUYA
  {Nu ngadukung PLTN, ngan jadi ngahuleng nempo palebah listrik pareum 
  di acara nu disiarkeun sacara internasional]


   

Kirim email ke