Heuheu...  bener beuki hebring we neng Roro...ngorong eh ngarangna....
nuhun teh ah.. .. titatadi  rieut teh jadi janglar....
 

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Behalf Of Roro Rohmah
Sent: Friday, July 27, 2007 2:27 PM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Heuay Pangantén Anyar





Heuay Pangantén Anyar
 
Karék saminggu Jang Adun & Nyi Ocoh jatuk rami. Keur meujeuhna sono bogoh.
Silih teuteup, silih tepak, silih toél, silih kelét dibarengan ku imut jeung
seuri leutik. Pokonamah dunya téh bener-bener asa nu duaan.
 
Hiji poé teu angin teu hujan Nyi Ocoh ujug-ujug jamedud.. Puguh, Jang Adun
heraneun. Ditanya, teu ditémbalan. Diajak seuri kalahka samutut. Komo ditoél
mah langsung diképéskeun. Jang Adun bingung kumaha piketakeunana, da can
apal pisan kana pasipatan Nyi Ocoh téh. Maklum atuh da, bobogohan tilu bulan
langsung diajak kawin, atoh wé nu aya...
 
Poé kadua Jang Adun ngawani-wani manéh ngomong ka Nyi Ocoh kunaon pangna
ujug-ujug baeud teu puguh-puguh. 
Jang Adun nanya ka Nyi Ocoh,"Nyi, tikamari jamedud waé ka Akang kunaon?".
Nyi Ocoh teu némbalan, kalahka ngaléos. Teu éléh géléng, Jang Adun nuturkeun
ti tukang bari nanya deui. "Nyi, tong kitu atuh...Akang téh bingung yeuh
kunaon Nyai téh? Cik béjaan atuh ari Akang salah naon? Pan kudu aya sabab
musababna!" ceuk Jang Adun rada ngambek.
 
"Na, ari Akang teu ngarasa kitu?!" ceuk Nyi Ocoh tungtungna némbalan da
karunyaeun ka Jang Adun. "Yeuh Kang, basa ngobrol jeung si Abah di imah uing
kamari teu didengékeun nya? Da katénjo Akang téh heuay...jeung heuaaaay wéh!
Diitung téh aya kana dualikurna heuay! Moal enya mitoha keur ngomong
ditembalan ku heuay?!"
Pan éta téh teu sopan, ngarana teu ngahargaan ka mitoha! Dititah mencetan si
Abah, angger bari heuay...nya puguh si Abahna nitah eureun da mencetanana
teu karasa-rasa acan bakat ku loba teuing heuay jadi euweuh tanagaan.
Ngomong ka kuring mah asa diciwitan ceunah! Naaa... Ari kana lalajo meng bal
tara heuay? anteng we nu aya! Saha nu teu keuheul Kang?!" Nyi Ocoh beuki
ngagedur amarahna.
 
Jang Adun karék ngarti,"Owhh....éta. Hampura atuh Nyi, pan Nyai gé nyaho yén
Akang téh peutingna tas ngaronda, jadi tunduhna kabawa kénéh."
"Cikan hayang nyaho, ari nu diomongkeun ku si Abah peuting kamari téh
kaharti teu?" ceuk Nyi Ocoh nanya deui.
"Nya éta atuh... hanteu, puguh!" Ceuk Jang Adun bari gagaro teu ateul.
"Tuh nya, cekéng gé pasti teu didengékeun!" ceuk Nyi Ocoh jadi beuki ambek
ditungtungan ku jamedud deui....
 
Geus nincak poé katilu kaayaan angger kénéh, Nyi Ocoh jamedud, Jang Adun
angger panasaran sanajan geus nyaho masalahna. Peutingna, Nyi Ocoh lalajo
TiPi sorangan lalajo acara sinétron kameumeutna. Kurunyung Jang Adun
dikukuyung sarung, terus gék diuk di gigireun Nyi Ocoh bari ngelepus udud
daun kawung. Pacicing-cicing, teu ngaromong sakemék-kemék acan. Maklum
lalaki, ningali acara sinétron nu dilalajoanan ku Nyi Ocoh, manéhna teu
resepeun. Jurungkunung Jang Adun nyokot rimot nu aya dihareupeun Nyi Ocoh
bari mindahkeun kana siaran méng bal di setasiun tipi séjén. Ningali kaayaan
kitu Nyi Ocoh ngajéwang rimot nu keur dicekel ku Jang Adun, dipindahkeun
deui kana sinetron. Jang Adun teu éléh géléng manéhna cicing di hareupeun
tipina pisan langsung mencétan kenop paragi mindahkeun siaran tipi.
Dipindahkeun kana méng bal. 
 
Kaayaan kitu lumangsung sababaraha kali, tungtungna Jang Adun ngéléhan da
sieuneun tipina ruksak, mangkaning teu boga duit keur meuli deui nu anyar
mah....
Gék manéhna diuk deui gigireun Nyi Ocoh bari angger ngelepus udud. Keur kitu
téh ujug-ujug manéhna ngarasa sono ka Nyi Ocoh, maklum pangantén anyar
téaaa.... "Euuuhhh...hanjakal si Nyai keur baeud, ...kumaha atuh?!!!"
Gerentes Jang Adun jero haté.
 
Dina waktu nu sarua, di tungtung korsi nu beulah ditu, haté Nyi Ocoh keur
ngarakacak, "Aduh, sono euy ka si Akang geus sababaraha poé...". Manéhna
langsung sadar yén dirina nu ngamimitian nyieun pucuk tigirang ka Jang Adun,
teu pira masalahna "heuay" hareupeun mitoha. Tapi dasar Nyi Ocoh géngsina
mah gedé pisan, ké heula anan mun ti heula ngawawuhan nu jadi salaki, jaim
tiditunamah.
 
Jang Adun mikir tikerung-kerung waé, kumaha carana ngawawuhan Nyi Ocoh? Ah,
cik susuganan ...Tambah éra, Jang Adun heuay bari
ngomong,"Heuaaaayyaanggg...."
Teu disangka-sangka ku Nyi Ocoh ditémbalan bari heuay
ogé,"Heuaaaayyuuuuu...."
Ngadengé kitu, Jang Adun langsung curinghak bari nanya ka Nyi Ocoh,
"Ké...ké...teu kadéngé Nyi, némbalan naon tadi téh?" 
"Enya, hayu!" ceuk Nyi Ocoh bari aluman alimen semu nu éra. Teu antaparah,
rigiwing Nyi Ocoh dipangku ku Jang Adun, atuh puguh Nyi Ocoh reuwaseun
langsung ngajerit! (bari atoh).
 
Heuheu...mangga, kanggo salajengna wilujeng impleng kunyalira, hapunten
dongengna lebet 17taun kaluhur.  
Teu ketang, ieu mah  kaideuan ku dongeng Kang Syam, mugia tiasa janten
pangbeberah manah.
 
ro2
 
 



 

IMPORTANT NOTICE: 
The information in this email (and any attachments) is confidential. If you are 
not the intended recipient, you must not use or disseminate the information. If 
you have received this email in error, please immediately notify me by "Reply" 
command and permanently delete the original and any copies or printouts 
thereof.  Although this email and any attachments are believed to be free of 
any virus or other defect that might affect any computer system into which it 
is received and opened, it is the responsibility of the recipient to ensure 
that it is virus free and no responsibility is accepted by American 
International Group, Inc. or its subsidiaries or affiliates either jointly or 
severally, for any loss or damage arising in any way from its use.

Kirim email ke