Jigana mah Jang Adun teh diputuskeun ku Nyi Odah...
gara-gara tara sok ngiriman pulsa deui.
Tungtungna mah, ngalamar we Nyi Ocoh..

kitu meureun nya ?
meureuuuuuun....eta ge
heu heu


-dul-



--- In [email protected], "Roro Rohmah" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Heuay Pangantén Anyar
> 
> Karék saminggu Jang Adun & Nyi Ocoh jatuk rami. Keur meujeuhna 
sono bogoh. Silih teuteup, silih tepak, silih toél, silih kelét 
dibarengan ku imut jeung seuri leutik. Pokonamah dunya téh bener-
bener asa nu duaan.
> 
> Hiji poé teu angin teu hujan Nyi Ocoh ujug-ujug jamedud.. Puguh, 
Jang Adun heraneun. Ditanya, teu ditémbalan. Diajak seuri kalahka 
samutut. Komo ditoél mah langsung diképéskeun. Jang Adun bingung 
kumaha piketakeunana, da can apal pisan kana pasipatan Nyi Ocoh téh. 
Maklum atuh da, bobogohan tilu bulan langsung diajak kawin, atoh wé 
nu aya*
> 
> Poé kadua Jang Adun ngawani-wani manéh ngomong ka Nyi Ocoh kunaon 
pangna ujug-ujug baeud teu puguh-puguh. 
> Jang Adun nanya ka Nyi Ocoh,"Nyi, tikamari jamedud waé ka Akang 
kunaon?".
> Nyi Ocoh teu némbalan, kalahka ngaléos. Teu éléh géléng, Jang Adun 
nuturkeun ti tukang bari nanya deui. "Nyi, tong kitu atuh*Akang téh 
bingung yeuh kunaon Nyai téh? Cik béjaan atuh ari Akang salah naon? 
Pan kudu aya sabab musababna!" ceuk Jang Adun rada ngambek.
> 
> "Na, ari Akang teu ngarasa kitu?!" ceuk Nyi Ocoh tungtungna 
némbalan da karunyaeun ka Jang Adun. "Yeuh Kang, basa ngobrol jeung 
si Abah di imah uing kamari teu didengékeun nya? Da katénjo Akang 
téh heuay*jeung heuaaaay wéh! Diitung téh aya kana dualikurna heuay! 
Moal enya mitoha keur ngomong ditembalan ku heuay?!"
> Pan éta téh teu sopan, ngarana teu ngahargaan ka mitoha! Dititah 
mencetan si Abah, angger bari heuay*nya puguh si Abahna nitah eureun 
da mencetanana teu karasa-rasa acan bakat ku loba teuing heuay jadi 
euweuh tanagaan. Ngomong ka kuring mah asa diciwitan ceunah! Naaa* 
Ari kana lalajo meng bal tara heuay? anteng we nu aya! Saha nu teu 
keuheul Kang?!" Nyi Ocoh beuki ngagedur amarahna.
> 
> Jang Adun karék ngarti,"Owhh*.éta. Hampura atuh Nyi, pan Nyai gé 
nyaho yén Akang téh peutingna tas ngaronda, jadi tunduhna kabawa 
kénéh."
> "Cikan hayang nyaho, ari nu diomongkeun ku si Abah peuting kamari 
téh kaharti teu?" ceuk Nyi Ocoh nanya deui.
> "Nya éta atuh* hanteu, puguh!" Ceuk Jang Adun bari gagaro teu 
ateul.
> "Tuh nya, cekéng gé pasti teu didengékeun!" ceuk Nyi Ocoh jadi 
beuki ambek ditungtungan ku jamedud deui*.
> 
> Geus nincak poé katilu kaayaan angger kénéh, Nyi Ocoh jamedud, 
Jang Adun angger panasaran sanajan geus nyaho masalahna. Peutingna, 
Nyi Ocoh lalajo TiPi sorangan lalajo acara sinétron kameumeutna. 
Kurunyung Jang Adun dikukuyung sarung, terus gék diuk di gigireun 
Nyi Ocoh bari ngelepus udud daun kawung. Pacicing-cicing, teu 
ngaromong sakemék-kemék acan. Maklum lalaki, ningali acara sinétron 
nu dilalajoanan ku Nyi Ocoh, manéhna teu resepeun. Jurungkunung Jang 
Adun nyokot rimot nu aya dihareupeun Nyi Ocoh bari mindahkeun kana 
siaran méng bal di setasiun tipi séjén. Ningali kaayaan kitu Nyi 
Ocoh ngajéwang rimot nu keur dicekel ku Jang Adun, dipindahkeun deui 
kana sinetron. Jang Adun teu éléh géléng manéhna cicing di hareupeun 
tipina pisan langsung mencétan kenop paragi mindahkeun siaran tipi. 
Dipindahkeun kana méng bal. 
> 
> Kaayaan kitu lumangsung sababaraha kali, tungtungna Jang Adun 
ngéléhan da sieuneun tipina ruksak, mangkaning teu boga duit keur 
meuli deui nu anyar mah*.
> Gék manéhna diuk deui gigireun Nyi Ocoh bari angger ngelepus udud. 
Keur kitu téh ujug-ujug manéhna ngarasa sono ka Nyi Ocoh, maklum 
pangantén anyar téaaa*. "Euuuhhh*hanjakal si Nyai keur baeud, 
*kumaha atuh?!!!" Gerentes Jang Adun jero haté.
> 
> Dina waktu nu sarua, di tungtung korsi nu beulah ditu, haté Nyi 
Ocoh keur ngarakacak, "Aduh, sono euy ka si Akang geus sababaraha 
poé*". Manéhna langsung sadar yén dirina nu ngamimitian nyieun pucuk 
tigirang ka Jang Adun, teu pira masalahna "heuay" hareupeun mitoha. 
Tapi dasar Nyi Ocoh géngsina mah gedé pisan, ké heula anan mun ti 
heula ngawawuhan nu jadi salaki, jaim tiditunamah.
> 
> Jang Adun mikir tikerung-kerung waé, kumaha carana ngawawuhan Nyi 
Ocoh? Ah, cik susuganan *Tambah éra, Jang Adun heuay bari 
ngomong,"Heuaaaayyaanggg*."
> Teu disangka-sangka ku Nyi Ocoh ditémbalan bari heuay 
ogé,"Heuaaaayyuuuuu*."
> Ngadengé kitu, Jang Adun langsung curinghak bari nanya ka Nyi 
Ocoh, "Ké*ké*teu kadéngé Nyi, némbalan naon tadi téh?" 
> "Enya, hayu!" ceuk Nyi Ocoh bari aluman alimen semu nu éra. Teu 
antaparah, rigiwing Nyi Ocoh dipangku ku Jang Adun, atuh puguh Nyi 
Ocoh reuwaseun langsung ngajerit! (bari atoh).
>  
> Heuheu*mangga, kanggo salajengna wilujeng impleng kunyalira, 
hapunten dongengna lebet 17taun kaluhur.  
> Teu ketang, ieu mah  kaideuan ku dongeng Kang Syam, mugia tiasa 
janten pangbeberah manah.
> 
> ro2
>


Kirim email ke