Huahahaahaa.......
  meuni oneng pisan ieu tukang ojeg sareng penumpang teh....
  

ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          "Neng, Ojeg ?"
"Ojeg nya Mang ?"
"Muhun Neng, bade kamana ?"
"Ah, hayang nyaho wae si Mang mah. kumaha abdi we atuh..."
"Haaar, ongkoh bade ngojeg pan Neng teh ?"
"Aeh Enya. Ka tonggoh mang, sabaraha ?"
"Sabaraha naona ?"
"Nya ongkosna atuh, emangna naona kitu ?"
"Nya sugan we naona, tonggohna palih mana ?"
"Gigireun puskesmas"
"Beulah kenca tanapi katuhuna ?"
"Beulah kenca"
"Bumina saha ?"
"Ih, meni hayang nyaho wae.."
"Beh kencaeun puskesmas mah apanan bumina Mang Darkum.."
"Enya, kadinya.."
"Mang Darkum nu lintuh tea ?"
"Enya.."
"Caroge-na Bi Sarwi ?"
"Enya.."
"Nu gaduh pamajikan seueur ?"
"Enyaaa.... sabarahaaaa ?"
"Duka atuh, duka tilu duka opat..."
"Naona ?"
"Pamajikanana.."
"Maaang, abdi mah sanes naroskeun sabaraha pamajikananaaaa..!"
"Ari kitu naroskeun naon atuh ?"
"Ongkosnaaaa...kaditu sabaraha ?"
"Ka bumina Mang Darkum ?"
"Enya ih !"
"Tong ngambek atuh Neng, geulis-geulis teh sok babari ambek, 
pamali Neng.."
"Atuda Mang mah pikasebeleun"
"Saha Neng ? Mamang-na Neng nu pikasebeleun teh ?"
"Teuing ah.."
"Teuing kumaha ?"
"Ah, kumaha Mang we lah.."
"Kumaha abdi ? Naha bet ka abdi ? apan abdi mah teu kenal-kenal
acan jeung Mamang-na Neng mah.."
"Ih, ari Mang....kamana karep wae.."
"Atuda Nengna ngalilieur, jol-jol nyarioskeun Mamang-na.."
"Yeee..Saha nu nyaritakeun batur. 
Atos ah...jadi sabaraha ongkos ka tonggoh teh ?"
"Hmmm..wios ka Neng mah sapuluh rebu we.."
"Haa ? sapuluh rebu ? mahal-mahal teuing ?"
"Mahal kumaha ari Neng ? sakitu murahna..."
"Maenya tidieu ka tonggoh wae ongkosna sakitu ?, apan deukeut..."
"Atuh ari caket mah, naha sanes mapah wae atuh Neng teh ?"
"Naha atuh Mang bet nawaran ka abdi ?"
"Naha atuh kersa ditawisan ku abdi ?
"Ari Mang teh tukang ojeg sanes ?
"Sanes, abdi mah tukang buah. Puguh we tukang ojeg Neng.."
"Mun enya tukang ojeg mah, biasana ge tilu rebu ka tonggoh teh"
"Teu tiasa Neng..sapuluh rebu lah.."
"Cik atuh, ulah ngagetok kitu ongkos teh.."
"Yeuh Neng, cik Neng mapah ka tonggoh..diburuhan ku abdi sapuluh
rebu, kersa henteu ?"
"Nya henteu atuh.."
"Tuh pan ? matakna mending kana ojeg.."
"Sakitu mah da mahal teuing atuh, pirage ka dinya ah.."
"Tos wios atuh, dua belas rebu.."
"Ari Mang cageur ? kalah ka beuki naek geuning ongkosna !"
"Lima belas rebu !"
"Ah, jalma burung ! teu jadi Mang, mendingan ge leumpang we..."
"Tujuh rebu atuh Neng !"
"Teu !"
"Lima rebuuu..."
"Teu !"
"Tilu rebu lah..."
"......."
"Neng ! tilu rebu, Neng !"
"......."
"Euuuuh....."

-Jay-

tiasa ditoong dina :
http://ndoell.multiply.com/journal/item/46



         

       
---------------------------------
Moody friends. Drama queens. Your life? Nope! - their life, your story.
 Play Sims Stories at Yahoo! Games. 

Kirim email ke