Abdi mah mun ngojeg, tara sok nuhunkeun bayaran ieuh, malah penumpangna ku abdi dipasihan ongkos tapi hususon wanoja... hi hi
-Jay- --- In [email protected], "Tito Suryana" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > jigana tukang ojeg na Kang Ndoel yeuh hehehehehehe > > ----- Original Message ----- > From: ndoell > To: [email protected] > Sent: Friday, July 27, 2007 2:02 PM > Subject: [Urang Sunda] Dongeng Jay : Tukang Ojeg > > > "Neng, Ojeg ?" > "Ojeg nya Mang ?" > "Muhun Neng, bade kamana ?" > "Ah, hayang nyaho wae si Mang mah. kumaha abdi we atuh..." > "Haaar, ongkoh bade ngojeg pan Neng teh ?" > "Aeh Enya. Ka tonggoh mang, sabaraha ?" > "Sabaraha naona ?" > "Nya ongkosna atuh, emangna naona kitu ?" > "Nya sugan we naona, tonggohna palih mana ?" > "Gigireun puskesmas" > "Beulah kenca tanapi katuhuna ?" > "Beulah kenca" > "Bumina saha ?" > "Ih, meni hayang nyaho wae.." > "Beh kencaeun puskesmas mah apanan bumina Mang Darkum.." > "Enya, kadinya.." > "Mang Darkum nu lintuh tea ?" > "Enya.." > "Caroge-na Bi Sarwi ?" > "Enya.." > "Nu gaduh pamajikan seueur ?" > "Enyaaa.... sabarahaaaa ?" > "Duka atuh, duka tilu duka opat..." > "Naona ?" > "Pamajikanana.." > "Maaang, abdi mah sanes naroskeun sabaraha pamajikananaaaa..!" > "Ari kitu naroskeun naon atuh ?" > "Ongkosnaaaa...kaditu sabaraha ?" > "Ka bumina Mang Darkum ?" > "Enya ih !" > "Tong ngambek atuh Neng, geulis-geulis teh sok babari ambek, > pamali Neng.." > "Atuda Mang mah pikasebeleun" > "Saha Neng ? Mamang-na Neng nu pikasebeleun teh ?" > "Teuing ah.." > "Teuing kumaha ?" > "Ah, kumaha Mang we lah.." > "Kumaha abdi ? Naha bet ka abdi ? apan abdi mah teu kenal-kenal > acan jeung Mamang-na Neng mah.." > "Ih, ari Mang....kamana karep wae.." > "Atuda Nengna ngalilieur, jol-jol nyarioskeun Mamang-na.." > "Yeee..Saha nu nyaritakeun batur. > Atos ah...jadi sabaraha ongkos ka tonggoh teh ?" > "Hmmm..wios ka Neng mah sapuluh rebu we.." > "Haa ? sapuluh rebu ? mahal-mahal teuing ?" > "Mahal kumaha ari Neng ? sakitu murahna..." > "Maenya tidieu ka tonggoh wae ongkosna sakitu ?, apan deukeut..." > "Atuh ari caket mah, naha sanes mapah wae atuh Neng teh ?" > "Naha atuh Mang bet nawaran ka abdi ?" > "Naha atuh kersa ditawisan ku abdi ? > "Ari Mang teh tukang ojeg sanes ? > "Sanes, abdi mah tukang buah. Puguh we tukang ojeg Neng.." > "Mun enya tukang ojeg mah, biasana ge tilu rebu ka tonggoh teh" > "Teu tiasa Neng..sapuluh rebu lah.." > "Cik atuh, ulah ngagetok kitu ongkos teh.." > "Yeuh Neng, cik Neng mapah ka tonggoh..diburuhan ku abdi sapuluh > rebu, kersa henteu ?" > "Nya henteu atuh.." > "Tuh pan ? matakna mending kana ojeg.." > "Sakitu mah da mahal teuing atuh, pirage ka dinya ah.." > "Tos wios atuh, dua belas rebu.." > "Ari Mang cageur ? kalah ka beuki naek geuning ongkosna !" > "Lima belas rebu !" > "Ah, jalma burung ! teu jadi Mang, mendingan ge leumpang we..." > "Tujuh rebu atuh Neng !" > "Teu !" > "Lima rebuuu..." > "Teu !" > "Tilu rebu lah..." > "......." > "Neng ! tilu rebu, Neng !" > "......." > "Euuuuh....." > > -Jay- > > tiasa ditoong dina : > http://ndoell.multiply.com/journal/item/46 >

