hebat euy!
engke mun HBH kudu dipintonkeun dina sandiwara tah.

tantan

On 7/27/07, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Abdi mah mun ngojeg, tara sok nuhunkeun bayaran ieuh,
> malah penumpangna ku abdi dipasihan ongkos
> tapi hususon wanoja...
> hi hi
>
> -Jay-
>
>
> --- In [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>, "Tito
> Suryana" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > jigana tukang ojeg na Kang Ndoel yeuh hehehehehehe
> >
> > ----- Original Message -----
> > From: ndoell
> > To: [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>
> > Sent: Friday, July 27, 2007 2:02 PM
> > Subject: [Urang Sunda] Dongeng Jay : Tukang Ojeg
> >
> >
> > "Neng, Ojeg ?"
> > "Ojeg nya Mang ?"
> > "Muhun Neng, bade kamana ?"
> > "Ah, hayang nyaho wae si Mang mah. kumaha abdi we atuh..."
> > "Haaar, ongkoh bade ngojeg pan Neng teh ?"
> > "Aeh Enya. Ka tonggoh mang, sabaraha ?"
> > "Sabaraha naona ?"
> > "Nya ongkosna atuh, emangna naona kitu ?"
> > "Nya sugan we naona, tonggohna palih mana ?"
> > "Gigireun puskesmas"
> > "Beulah kenca tanapi katuhuna ?"
> > "Beulah kenca"
> > "Bumina saha ?"
> > "Ih, meni hayang nyaho wae.."
> > "Beh kencaeun puskesmas mah apanan bumina Mang Darkum.."
> > "Enya, kadinya.."
> > "Mang Darkum nu lintuh tea ?"
> > "Enya.."
> > "Caroge-na Bi Sarwi ?"
> > "Enya.."
> > "Nu gaduh pamajikan seueur ?"
> > "Enyaaa.... sabarahaaaa ?"
> > "Duka atuh, duka tilu duka opat..."
> > "Naona ?"
> > "Pamajikanana.."
> > "Maaang, abdi mah sanes naroskeun sabaraha pamajikananaaaa..!"
> > "Ari kitu naroskeun naon atuh ?"
> > "Ongkosnaaaa...kaditu sabaraha ?"
> > "Ka bumina Mang Darkum ?"
> > "Enya ih !"
> > "Tong ngambek atuh Neng, geulis-geulis teh sok babari ambek,
> > pamali Neng.."
> > "Atuda Mang mah pikasebeleun"
> > "Saha Neng ? Mamang-na Neng nu pikasebeleun teh ?"
> > "Teuing ah.."
> > "Teuing kumaha ?"
> > "Ah, kumaha Mang we lah.."
> > "Kumaha abdi ? Naha bet ka abdi ? apan abdi mah teu kenal-kenal
> > acan jeung Mamang-na Neng mah.."
> > "Ih, ari Mang....kamana karep wae.."
> > "Atuda Nengna ngalilieur, jol-jol nyarioskeun Mamang-na.."
> > "Yeee..Saha nu nyaritakeun batur.
> > Atos ah...jadi sabaraha ongkos ka tonggoh teh ?"
> > "Hmmm..wios ka Neng mah sapuluh rebu we.."
> > "Haa ? sapuluh rebu ? mahal-mahal teuing ?"
> > "Mahal kumaha ari Neng ? sakitu murahna..."
> > "Maenya tidieu ka tonggoh wae ongkosna sakitu ?, apan deukeut..."
> > "Atuh ari caket mah, naha sanes mapah wae atuh Neng teh ?"
> > "Naha atuh Mang bet nawaran ka abdi ?"
> > "Naha atuh kersa ditawisan ku abdi ?
> > "Ari Mang teh tukang ojeg sanes ?
> > "Sanes, abdi mah tukang buah. Puguh we tukang ojeg Neng.."
> > "Mun enya tukang ojeg mah, biasana ge tilu rebu ka tonggoh teh"
> > "Teu tiasa Neng..sapuluh rebu lah.."
> > "Cik atuh, ulah ngagetok kitu ongkos teh.."
> > "Yeuh Neng, cik Neng mapah ka tonggoh..diburuhan ku abdi sapuluh
> > rebu, kersa henteu ?"
> > "Nya henteu atuh.."
> > "Tuh pan ? matakna mending kana ojeg.."
> > "Sakitu mah da mahal teuing atuh, pirage ka dinya ah.."
> > "Tos wios atuh, dua belas rebu.."
> > "Ari Mang cageur ? kalah ka beuki naek geuning ongkosna !"
> > "Lima belas rebu !"
> > "Ah, jalma burung ! teu jadi Mang, mendingan ge leumpang we..."
> > "Tujuh rebu atuh Neng !"
> > "Teu !"
> > "Lima rebuuu..."
> > "Teu !"
> > "Tilu rebu lah..."
> > "......."
> > "Neng ! tilu rebu, Neng !"
> > "......."
> > "Euuuuh....."
> >
> > -Jay-
> >
> > tiasa ditoong dina :
> > http://ndoell.multiply.com/journal/item/46
> >
>
>  
>



-- 
tantan hermansah
www.tantanhermansah.co.nr

"jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
--siliwangi--

Kirim email ke