heheheheheh sae ceu roro.....si kuring seuri sorangan ...

  ----- Original Message ----- 
  From: Roro Rohmah 
  To: [email protected] 
  Sent: Friday, July 27, 2007 2:26 PM
  Subject: [Urang Sunda] Heuay Pangantén Anyar



  Heuay Pangantén Anyar

  Karék saminggu Jang Adun & Nyi Ocoh jatuk rami. Keur meujeuhna sono bogoh. 
Silih teuteup, silih tepak, silih toél, silih kelét dibarengan ku imut jeung 
seuri leutik. Pokonamah dunya téh bener-bener asa nu duaan.

  Hiji poé teu angin teu hujan Nyi Ocoh ujug-ujug jamedud.. Puguh, Jang Adun 
heraneun. Ditanya, teu ditémbalan. Diajak seuri kalahka samutut. Komo ditoél 
mah langsung diképéskeun. Jang Adun bingung kumaha piketakeunana, da can apal 
pisan kana pasipatan Nyi Ocoh téh. Maklum atuh da, bobogohan tilu bulan 
langsung diajak kawin, atoh wé nu aya.

  Poé kadua Jang Adun ngawani-wani manéh ngomong ka Nyi Ocoh kunaon pangna 
ujug-ujug baeud teu puguh-puguh. 
  Jang Adun nanya ka Nyi Ocoh,"Nyi, tikamari jamedud waé ka Akang kunaon?".
  Nyi Ocoh teu némbalan, kalahka ngaléos. Teu éléh géléng, Jang Adun nuturkeun 
ti tukang bari nanya deui. "Nyi, tong kitu atuh.Akang téh bingung yeuh kunaon 
Nyai téh? Cik béjaan atuh ari Akang salah naon? Pan kudu aya sabab musababna!" 
ceuk Jang Adun rada ngambek.

  "Na, ari Akang teu ngarasa kitu?!" ceuk Nyi Ocoh tungtungna némbalan da 
karunyaeun ka Jang Adun. "Yeuh Kang, basa ngobrol jeung si Abah di imah uing 
kamari teu didengékeun nya? Da katénjo Akang téh heuay.jeung heuaaaay wéh! 
Diitung téh aya kana dualikurna heuay! Moal enya mitoha keur ngomong ditembalan 
ku heuay?!"
  Pan éta téh teu sopan, ngarana teu ngahargaan ka mitoha! Dititah mencetan si 
Abah, angger bari heuay.nya puguh si Abahna nitah eureun da mencetanana teu 
karasa-rasa acan bakat ku loba teuing heuay jadi euweuh tanagaan. Ngomong ka 
kuring mah asa diciwitan ceunah! Naaa. Ari kana lalajo meng bal tara heuay? 
anteng we nu aya! Saha nu teu keuheul Kang?!" Nyi Ocoh beuki ngagedur amarahna.

  Jang Adun karék ngarti,"Owhh..éta. Hampura atuh Nyi, pan Nyai gé nyaho yén 
Akang téh peutingna tas ngaronda, jadi tunduhna kabawa kénéh."
  "Cikan hayang nyaho, ari nu diomongkeun ku si Abah peuting kamari téh kaharti 
teu?" ceuk Nyi Ocoh nanya deui.
  "Nya éta atuh. hanteu, puguh!" Ceuk Jang Adun bari gagaro teu ateul.
  "Tuh nya, cekéng gé pasti teu didengékeun!" ceuk Nyi Ocoh jadi beuki ambek 
ditungtungan ku jamedud deui..

  Geus nincak poé katilu kaayaan angger kénéh, Nyi Ocoh jamedud, Jang Adun 
angger panasaran sanajan geus nyaho masalahna. Peutingna, Nyi Ocoh lalajo TiPi 
sorangan lalajo acara sinétron kameumeutna. Kurunyung Jang Adun dikukuyung 
sarung, terus gék diuk di gigireun Nyi Ocoh bari ngelepus udud daun kawung. 
Pacicing-cicing, teu ngaromong sakemék-kemék acan. Maklum lalaki, ningali acara 
sinétron nu dilalajoanan ku Nyi Ocoh, manéhna teu resepeun. Jurungkunung Jang 
Adun nyokot rimot nu aya dihareupeun Nyi Ocoh bari mindahkeun kana siaran méng 
bal di setasiun tipi séjén. Ningali kaayaan kitu Nyi Ocoh ngajéwang rimot nu 
keur dicekel ku Jang Adun, dipindahkeun deui kana sinetron. Jang Adun teu éléh 
géléng manéhna cicing di hareupeun tipina pisan langsung mencétan kenop paragi 
mindahkeun siaran tipi. Dipindahkeun kana méng bal. 

  Kaayaan kitu lumangsung sababaraha kali, tungtungna Jang Adun ngéléhan da 
sieuneun tipina ruksak, mangkaning teu boga duit keur meuli deui nu anyar mah..
  Gék manéhna diuk deui gigireun Nyi Ocoh bari angger ngelepus udud. Keur kitu 
téh ujug-ujug manéhna ngarasa sono ka Nyi Ocoh, maklum pangantén anyar téaaa.. 
"Euuuhhh.hanjakal si Nyai keur baeud, .kumaha atuh?!!!" Gerentes Jang Adun jero 
haté.

  Dina waktu nu sarua, di tungtung korsi nu beulah ditu, haté Nyi Ocoh keur 
ngarakacak, "Aduh, sono euy ka si Akang geus sababaraha poé.". Manéhna langsung 
sadar yén dirina nu ngamimitian nyieun pucuk tigirang ka Jang Adun, teu pira 
masalahna "heuay" hareupeun mitoha. Tapi dasar Nyi Ocoh géngsina mah gedé 
pisan, ké heula anan mun ti heula ngawawuhan nu jadi salaki, jaim tiditunamah.

  Jang Adun mikir tikerung-kerung waé, kumaha carana ngawawuhan Nyi Ocoh? Ah, 
cik susuganan .Tambah éra, Jang Adun heuay bari ngomong,"Heuaaaayyaanggg.."
  Teu disangka-sangka ku Nyi Ocoh ditémbalan bari heuay ogé,"Heuaaaayyuuuuu.."
  Ngadengé kitu, Jang Adun langsung curinghak bari nanya ka Nyi Ocoh, 
"Ké.ké.teu kadéngé Nyi, némbalan naon tadi téh?" 
  "Enya, hayu!" ceuk Nyi Ocoh bari aluman alimen semu nu éra. Teu antaparah, 
rigiwing Nyi Ocoh dipangku ku Jang Adun, atuh puguh Nyi Ocoh reuwaseun langsung 
ngajerit! (bari atoh).
   
  Heuheu.mangga, kanggo salajengna wilujeng impleng kunyalira, hapunten 
dongengna lebet 17taun kaluhur.  
  Teu ketang, ieu mah  kaideuan ku dongeng Kang Syam, mugia tiasa janten 
pangbeberah manah.

  ro2



   

Kirim email ke