Kocap kacarita Jang Adun jeung nyi Icoh teh geus aya sataunan jatuk rami. Ayeuna mah geus boga budak hiji umur 2 bulan.
Akang, kumaha lamun urang KB? Nyi Icoh ngomong ka salakinan Enya akang oge hayang KB teh ngan embung ari kudu make sagala rupa alat KB mah. Jang Adun nembalan. Na kunaon kitu kang? Ah embung we, lamun akang make sarung meureun matak teu karasa. Lamun nyai make IUD, akang mah teu rido Kudu kumaha atuh kang, embung abdimah loba2 teuing budak mah Kieu we atuh nyi, isukan kua akang rek ditanyakeun ka mang mj kumaha carana KB tradisional tanpa alat KB jang Adun mere bongbolong. Isukanana Nyi, nyi Jang adun nyalukan nyi Icoh Aya naon kang? Ieu di kamar keur mepende budak nyi Icoh nyalukan Nyi, ceuk mang mj lamun erek KB tradisional mah gampang carana Nya kumaha atuh kang carana teh? Kieu nyi, lamun erek ceunah kudu di belah katuhu tuluy mun turun ka belah kenca, tah kitu nyi jang Adun ngajelaskeun Maenya kang, ngan sakitu. Gampang pisan atuh kang Nyi Icoh atoheun Sababaraha bulan kahareup Akang, akang kadieu geura ceuk nyi Icoh bari hariweswes Aya naon nyi, siga nu kasieunan kitu jang Adun nembalan bari nyampeurkeun Kumaha ieu teh akang, geuning KB tradisional teu ampuh. Tuh tingali hasil tesna, abdi positif deui ngandung geus dua bulan tembal nyi Icoh Har, kutan biasa kieu jang Adun heraneun Isukanana jang Adun nepungan mang mj Mang, geuningan cara KB tradisional teh teu jitu? Pan ceuk emang naek ti katuhu turun ka kenca jang Adun cacarita Enya pan ceuk emang oge naek ti katuhu turun ka kenca, bener teu? mang mj balik nanya Bener mang, unggal migawe we siga kitu. Jang Adun nembalan Ke ke ke, ari jang Adun mampir teu di tengah-tengah? mang mj nanya deui Maksad emang kumaha? jang Adun heraneun Tah pamiarsa sadaya, mangga geura lajeungkeun eta carios. Naon nu dimaksad mampir ditengah-tengah ku mang mj.

