Hiji kauntungan PT BHMN nyaeta meunang neangan waragad
ti berbagai sumber kalayan teu kudu disetor ka nagara,
cukup ku dilaporkeun. Anu jadi perhatian pamarentah
teh nyaeta program-program mandatori (Program S1
reguler), anu teu meunang diutak-atik, kudu saluyu
jeung kawijakan pamarentah. tah, ayeuna pamarentah teh
ka PT BHMN ngan mere waragad keur ngagaji PNS (dosen
jeung staf administrasi) jeung waragad operasional
saperluna keur satauneun. Eta anggaran teh heunteu
nyukupan pikeun miara jeung mulasara kampus. Tah,
kusabab teu nyukupan tea, PT BHMN dititah neangan
waragad sorangan, diantarana dibere/diinjeumkeun aset
pamarentah mangrupa, tanah jeung wangunan anu dipiboga
ku PT BHMN.Tapi teu meunang dijual komo deui dipindah
tangankeun. Tah, kusabab kitu, IPB boga pikiran nyieun
emol di lahan anu baheula asrama mahasiswa tea, dimana
pengembang biasana menta tempo 20-30 taun pikeun
ngokolakeun emol di lahan asrama IPB. Nya kitu deui
UI, baheula teh, geus ngayakeun kerjasama jeung hiji
pausahaan properti pikeun ngokolakeun lahan Kurut
asrama Pegangsaan timur (tapi nepi ka ayeuna can
dibangun keneh).

Tah, salin ti eta PT BHMN dibere kabebasan pikeun
nyieun jeung ngokolakeun program Ekstensi,
Pascasarjana jeung Diploma, dimana pamarentah mah teu
ngiluan dina perkara nangtukeun waragad jeung kumaha
ngokolakeunana. Tapi PT BHMN tetep boga kawajiban
ngalaporkeun ka pamarentah. Biasana pan dosen S1
reguler, sok ngajar oge di program ekstension, Diploma
jeung pascasarjana, dimana standar gajina beda pisan
jeung ngajar di S1 reguler. Di FISIP kaasup anu
palingloba muka program Ekstensi, Diploma jeung
pascasarjana. Puguh wae atuh gajih S1 weuteuh,
ditambah ngajar di program diploma atawa pascasarjana.
Di Program Pascasarjana mah baheula (saeuncana aya
penertiban), dosen sakali ngajar teh dihargaan 1,5 - 2
juta. Harita dosen jeung karyawan pascasarjana
'ceuyah'ku duit. tapi taun 1990 an, program
pascasarjana anu monodisiplin ilmu dihijikeun  ka
fakultas indukna. Otomatis pengelolaan danana oge
pindah ka fakultas.
Gumilar, pernah ngadongeng, FISIP unggal taunna teh
ngokolakeun dana 80 milyaran. Kawijakan Gumilar, eta
dana teh heunteu dikeukeuweuk ku fakultas, tapi
diserahkeun deui ka program masing-masing.
Paling-paling fakultas mah menta prosentase 10-20 %na.
Cara siga kieu teh, ngan aya di FISIP wae. Di fakultas
sejenna mah, anggaran teh langsung dikokolakeun sacara
terpusat ku fakultas, kakarek turun ka program
sanggeus mangbulan-bulan. Nu matak para pengelola
departemen/jurusan di fakultas sejen di UI, leuwih
satuju kana cara anu diterapkeun ku Gumilar.
Kitu tah, anu info anu katangkep ku kuring. Ke urang
dikorek deui, info sejenna.

baktos,

mrachmatrawyani

--- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>  
> 
> Poho rek nanya, salaku nu unggal poe ulinna di
> kampus, kabita oge yeuh.
> 
> Ari kang Gumilar boga duit timana pikeun ngalusan
> fisipna? Ti pamarentah?
> atawa ti SPP mahasiswa nu geus dinaekeun?
> 
> Ari duitna ti pamarentah mah kuduna kabeh fakultas
> PTN atawa nu jualan BHmn
> barisa kitu. Mun danana ti ladang naekkeun SPP
> msiswa, atuh teu pati hebat.
> 
> Nu hebat mah, beunang ti pihak katilu, ti industri,
> alatan jualan hasil
> panalitian dosen misalna. Hebring eta.
> 
> c. Di bawah beliau Gaji dosen FISIP dinaikkan tujuh
> kali lipat, demikian
> pula insentif untuk guru besar dan doktor yang
> menulis buku. (Kompas Cyber
> Media, Jumat, 22 September 2006 - 15:39 wib)
> 
> Ketika diwawancara wartawan, Beliau akan
> memperbaikin sistem remunerasi
> berbasis kinerja (rata-rata gaji Rp10 juta bagi
> dosen, Rp5 juta bagi
> karyawan)
>
(http://www.waspada.co.id/berita/nasional/artikel.php?article_id=95810)
> 
> d. Pada saat membenahi FISIP UI, Beliau memperbaiki
> ruang dosen yang
> canggih, perpustakaan kelas dunia, dan dilengkapi
> fasilitas pendukung
> seperti toko buku, kafe. restoran (beliau tidak
> mempercantik ruang kerjanya
> terlebih dahulu)
>
(http://adhikusumaputra.blogspot.com/2007/02/dr-gumilar-rusliwa-somantri-gaj
> i-dosen.html )
> 
> e. Pada saat di FISIP, Meningkatkan honor mengajar
> mahasiswa S1 dari Rp
> 20.000 per sesi menjadi Rp 140.000 sekali mengajar
> di
> kelas.(http://adhikusumaputra.blogspot.com/2007/
>
<http://adhikusumaputra.blogspot.com/2007/02/dr-gumilar-rusliwa-somantri>
> 02/dr-gumilar-rusliwa-somantri-gaji-dosen.html)
> 
> 
> 



       
____________________________________________________________________________________
Looking for a deal? Find great prices on flights and hotels with Yahoo! 
FareChase.
http://farechase.yahoo.com/

Kirim email ke