Kahatur kanggo kuncen ieu milist...

Naha jelema anu geus ditajong tina milist bisa asup deui kana milist?
Bener kitu diinvite ku kuncen?

Tuh,,, manehna geus suudzon deui wae... nyieun pipaseaeun. nyieun pitnah.
tong waka manehna, ngan anu mairan oge jadi pipilueun suudzon ka manehna.
jadi mun kitu mah moal baleg kan?

Hampura kang,,, kuring mah teu suka amun ieu milist ngasupkeun deui eta
jelema, brarti ieu milist miara sifat fitnah, suudzon jeung miara
pipaseaeun.
Kuring lain anti kanu diskusi, lain anti kana tukar pikiran, oge teu anti
kana berdebat. tapina, ari kudu berdebat make cara anu teu sehat mah
keheula, uing mah teu resep ku cara anu teu sehat mah.

LAINNA SALAH SAHIJI TUJUAN MILIST IEU TEH MANJANGKEUN SILATURAHMI???

Ieu mah ngadon dipake nyieun pipaseaeun. Nya kukituna, amun misalkeun jelema
eta masih keneh aya di ieu milist, nya ulah aneh mun loba anu kaluar ti ieu
milist, termasuk uing meureunan. Da apanan nu lain oge hayangna teh milist
teh dipake silaturahmi, lain dipake kikieuan.

cag ah...

-Bohay-

Kirim email ke