kang Asep, leres pisan tipung teu tiasa diuntun sareng beas teu tiasa janten tambang, tapi ieu kecap teh ngandung siloka pan tipung beas anu bisa diuntun jeung dijieun tambang teh "Kue Tambang " ngarana. geuning pan sok diuntun dihijikeun jiga rambut anu dikepang, jadi hartosna " Kauntung tipung katambang beas.." teh laksana kapiduriat alias ngahiji / itu bogoh ieu resep / micinta pami ceuk paribasa malayu mah "tidak bertepuk sebelah tangan cenah...." hehehhe
punten ah pami lepat...., nuhun. "kkbm'69" On 8/2/07, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kang Iim, > > Upami uninga, bade ngiring naros, naha nya sepuh urang nganggo kecap-kecap > "kauntun tipung" sareng "katambang beas"? Upami sacara harfiah, pan tipung > mah henteu tiasa diuntun. Oge beas mah henteu tiasa dijantenkeun tambang. > Mamanawian tiasa ngawaler. > > Hatur nuhun, > > Asep > > >

