Nambihan....

kauntun tipung, katambang béas: laksana nu dipimaksud (sanes kaintun)

diwangun ku

- untun tipung : laksa, kadaharan kawas bihun tapi leuwih badag (katuangan
ti Bogor?)

- tambang beas: (sami sareng katrangan Kang Boim, pokona mah patali jeung
katuangan anu tadina misah laleutik jadi ngahiji)

tatali asih ngajadi: rasa cinta anu tadina ukur nganteng dina rasa hate,
laksana kabeungkeut ku hukum (sanes katali asih)

ayang-ayang-gung ka balé nyungcung: nikah (sanes bala nyungcung )

diwangun ku

- ayang-ayang-gung : kakawihan barudak anu dikawihkeun bari paayang-ayang
(pacekel2 leungeun)

- balé nyungcung : masigit/masjid (suhunan masigit mangsa bihari biasana
nyungcung, henteu kubahan kawas kalolobaan kiwari)

- ka balé nyungcung: dikawinkeun (adat urang sok ijab kobul akad nikah di
masigit)

dangdeung ka gapura ageung: .... (duka ah)

- gapura: lawang

ginulur karahayuan = ginanjar kawilujengan: dipaparin kasalametan, teu
pinanggih jeung kasusah/bancang pakewuh

- wilujeng = lemesna waluya: salamet

hurip ati waras gusti: sehat diri katut lingkunganana (?)

aya oge babasan nu unina hurip gusti waras abdi nu ngandung harti harepan
kahirupan anu boh rahayat boh pamingpin aya dina kasugemaan

kasimbeuh manéh ku magfiroh Gusti Alloh: dipaparin pangampura ku Gusti Alloh
On 8/2/07, kang boim < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   leres pisan tipung teu tiasa diuntun sareng beas teu tiasa janten
> tambang, tapi ieu kecap teh ngandung siloka pan tipung beas anu bisa diuntun
> jeung dijieun tambang teh "Kue Tambang " ngarana.
>

ulah nyangka bisa medar sabab katalar
ngabérélé sotéh ladang mulak-malik kamus
-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com

Kirim email ke