Nuhun, manfaat pisan pedarannana.
Jigana kecap-kecap anu dianggo dina sababaraha paribasa ieu teh tiasa
ngagambarkeun iraha ngawitannana ieu paribasa muncul. Conton kanggo paribasa
"kauntun tipung, katambang beas" panginten muncul ngawitan dina jaman soun
sareng kueh tambang mimiti makalangan di tatar Sunda.
Hiji deui, panasaran ku bale nyungcung. Upami gaduh gambar masjid jaman bihari
di tatar Sunda, nyuhunkeun gambarna.
kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nambihan....
kauntun tipung, katambang béas: laksana nu dipimaksud (sanes kaintun)
diwangun ku
- untun tipung : laksa, kadaharan kawas bihun tapi leuwih badag (katuangan ti
Bogor?)
- tambang beas: (sami sareng katrangan Kang Boim, pokona mah patali jeung
katuangan anu tadina misah laleutik jadi ngahiji)
tatali asih ngajadi: rasa cinta anu tadina ukur nganteng dina rasa hate,
laksana kabeungkeut ku hukum (sanes katali asih)
ayang-ayang-gung ka balé nyungcung: nikah (sanes bala nyungcung )
diwangun ku
- ayang-ayang-gung : kakawihan barudak anu dikawihkeun bari paayang-ayang
(pacekel2 leungeun)
- balé nyungcung : masigit/masjid (suhunan masigit mangsa bihari biasana
nyungcung, henteu kubahan kawas kalolobaan kiwari)
- ka balé nyungcung: dikawinkeun (adat urang sok ijab kobul akad nikah di
masigit)
dangdeung ka gapura ageung: .... (duka ah)
- gapura: lawang
ginulur karahayuan = ginanjar kawilujengan: dipaparin kasalametan, teu
pinanggih jeung kasusah/bancang pakewuh
- wilujeng = lemesna waluya: salamet
hurip ati waras gusti: sehat diri katut lingkunganana (?)
Asep
---------------------------------
Yahoo! oneSearch: Finally, mobile search that gives answers, not web links.