--- reka gayantika <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> -Bohay-
> *Kuring teu paduli saha anu rek jadi Gubernur
> Jakarta, tapina kuring paduli
> yen Pilkada teh kudu Fair jeung Damai.
> Sabab Jakarta teh Ibukota nagara Kuring*


Kang Bohay, teu puguh atuh lamun aya pernyataan teu
paduli saha gupernurna, tapi pilkada kudu "fair" mah.
Kudu paduli oge atuh ti mimiti "proses"  nepi ka
"output" hasilna. Hartina teh kudu mihak ka golongan
anu ceuk pipikiran/akal jeung hate nurani teh ngabela
"bebenaran".
sok sanajan engkena anu ngabela "bebenaran" teh eleh,
tapi da ALLAH mah, isuk jaganing geto bakal
ngembrakeun saha anu ngabela "bebenaran". Kusabab
kuring mah teu boga hak pilih, nya teu aya maksud
ngabela ka salah sahiji calon.

Pangalaman Pilkada di Kota Depok baheula (2004).
Digembar-gemborkeun, yen Depok teh bakal jadi conto
pikeun pilkada sejenna sa Indonesia, sabab Depok pisan
anu pangheulana ngayakeun pilkada tingkat
Kabupaten/Kotamadya. Harita teh aya tokoh ti UI, anu
ngaikrarkeun yen manehna teh rek bersifat netral dina
perkara pilkada Depok. Pas kajadian Pilkada Depok
"ricuh", ku sabab netral tea, jadina pasualan pilkada
kalunta-lunta. Coba lamun harita tokoh UI teh gancang
mere pandangan,  anu dianggap bener, pasti pasualan
bisa gancang rengse. 

Kritikan pikeun para gegeden/tokoh elmuwan, anu sok
ngomong atawa 'berlindung' di balik pernyataan
"bersikap netral", ngabalukarkeun pasualan bangsa jadi
lila beresna.
Hartina ti ayeuna urang kudu diajar 'berpihak' kanu
bener.

baktos,

mrachmatrawyani




       
____________________________________________________________________________________
Looking for a deal? Find great prices on flights and hotels with Yahoo! 
FareChase.
http://farechase.yahoo.com/

Kirim email ke