Ari ceuk Yunus Yosfiah mah, waktu masih jeneng jadi
ketua Fraksi ABRI di MPR baheula (1998), proses
"pendewasaan masyarakat menuju demokrasi" teh teu jiga
malikeun ramo leungeun, anu ngan sakoteap.
Malihan Mah Bung Karno, taun 1965 an, waktu kajadian
aya para jenderal anu tiwas ku G 30 S/PKI, masihan
komentar, kajadian biasa lamun revolusi "memakan" anak
bangsanya sendiri (mun teu lepat mah aya dina film G
30 S/PKI anu disutradaraan ku urang Cirebon tea
geuning).
Jadi..., lumrah oge (meureun) lamun dina menuju proses
demokrasi teh aya korban. Tapi ari ceuk panganut HAM
mah, korban hiji nyawa oge, teu bisa ditarima,sok
sanajan pikeun ngadewasakeun demokrasi.


baktos,

mrachmatrawyani

--- reka gayantika <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Nyaeta kang... kadang kuring mah sok asa bingung...
> dina hiji sisi, ieu teh
> konsekuensi Demokrasi anu kudu dijalankeun, disisi
> anu lain, oge ieu teh
> ngabutuhkeun pengorbanan anu teu sakedik. Kanggo
> nyelenggarakeun PILKADA teh
> apanan peryogi artos milyaran... lain ku kitu
> hungkul, oge bisa ku gara2
> PILKADA bisa jadi pasea jeung dulur salembur, malah
> mun teu salah kantos aya
> Korban Jiwa.
> 
> -Bohay-
> 



      
____________________________________________________________________________________
Shape Yahoo! in your own image.  Join our Network Research Panel today!   
http://surveylink.yahoo.com/gmrs/yahoo_panel_invite.asp?a=7 


Kirim email ke