Saens kitu Kang... ari maksad kuring mah, nyaeta dina pandangan kuring mah, duanana oge gaduh visi jeung misi anu sae, duanana gaduh kaleuwihan jeung kakurangan masing2. Kuring mah ngadukung saha wae lah anu jadi Gubernurna, rek Kang Adang atawa Bang Fauzi. nu penting mah, dina proses manehna jadi Gubernur teh kudu dibarengan proses PILKADA anu Jujur jeung Adil... oge damai, tong nepikeun loba anu raruksak... nepikeun pasea antar pedukung... Kitu kang...
-Bohay- 2007/8/7, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]>: > > > --- reka gayantika <[EMAIL PROTECTED] <rekabohay%40gmail.com>> wrote: > > > -Bohay- > > *Kuring teu paduli saha anu rek jadi Gubernur > > Jakarta, tapina kuring paduli > > yen Pilkada teh kudu Fair jeung Damai. > > Sabab Jakarta teh Ibukota nagara Kuring* > > Kang Bohay, teu puguh atuh lamun aya pernyataan teu > paduli saha gupernurna, tapi pilkada kudu "fair" mah. > Kudu paduli oge atuh ti mimiti "proses" nepi ka > "output" hasilna. Hartina teh kudu mihak ka golongan > anu ceuk pipikiran/akal jeung hate nurani teh ngabela > "bebenaran". > sok sanajan engkena anu ngabela "bebenaran" teh eleh, > tapi da ALLAH mah, isuk jaganing geto bakal > ngembrakeun saha anu ngabela "bebenaran". Kusabab > kuring mah teu boga hak pilih, nya teu aya maksud > ngabela ka salah sahiji calon. > > Pangalaman Pilkada di Kota Depok baheula (2004). > Digembar-gemborkeun, yen Depok teh bakal jadi conto > pikeun pilkada sejenna sa Indonesia, sabab Depok pisan > anu pangheulana ngayakeun pilkada tingkat > Kabupaten/Kotamadya. Harita teh aya tokoh ti UI, anu > ngaikrarkeun yen manehna teh rek bersifat netral dina > perkara pilkada Depok. Pas kajadian Pilkada Depok > "ricuh", ku sabab netral tea, jadina pasualan pilkada > kalunta-lunta. Coba lamun harita tokoh UI teh gancang > mere pandangan, anu dianggap bener, pasti pasualan > bisa gancang rengse. > > Kritikan pikeun para gegeden/tokoh elmuwan, anu sok > ngomong atawa 'berlindung' di balik pernyataan > "bersikap netral", ngabalukarkeun pasualan bangsa jadi > lila beresna. > Hartina ti ayeuna urang kudu diajar 'berpihak' kanu > bener. > > baktos, > > mrachmatrawyani > > __________________________________________________________ > Looking for a deal? Find great prices on flights and hotels with Yahoo! > FareChase. > http://farechase.yahoo.com/ > >

