Moal kitu kecap utun inji teh kawitna tina utun-nyai anu robih janten utun-nyi
teras utun-nji teras utun-inji. Maklum basa mah pan dinamis.
Contoh sanesna:
trah hadian (turunan jalma lineuwih) --> rah hadian --> rahaden --> raden
raden --> aden --> den / nden --> enden --> enen --> eneng
kasep --> asep --> acep --> cep --> encep / cecep
kumaha enya? --> kuma enya? --> ma enya?
ku taeun teh --> kutan teh
ssjbn.
Dika ketang, nyanggakeun ka ahli basa.
Salam,
Asep
Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Leres kang, Atun teh istri; janten emut kana sinetron si Doel Anak Sekolahan
dimana Suti Karno anu jenten si Atun.
Kebo Hideung <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Utun = jalu satuju kang
Atun = Istri :)
----- Original Message -----
From: Aschev Schuraschev
To: [email protected]
Sent: Friday, August 24, 2007 9:11 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Lutung
Kang Trias meni tega kitu. Kumaha enya gara-gara aya legenda lutung
kasarung teras disimpulkeun urang Sunda hideung siga monyet hideung. Desi
Ratnasari anu sakitu koneng umyang kumaha enya disebat hideung. Anya-anay
dwinov wae si sakang mah.
Utun upami teu lepat hartosna jalu, inji upami teu lepat hartosna bikang.
Lamun istri nuju beureuyeung, dina patuangannana aya janin. Ari janin pan
henteu acan kanyahoan naha jalu atanapi bikang. Kumargi kitu, janin sok
disebat utun inji.
Lutung Kasarung oge dicalukan utun ku Purbasari kumargi jalu. Ucing tatanggi
kang Trias dingaranan utun kumargi panginten jalu sanes kusabab buluna
hideung.
Ah ieu mah meureun; nyanggakeun ka ahlina atanapi anu gaduh kamus Sunda.
trias santosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nuhun kang Hasan pedaranana, mani jentre pisan.
Ieu aya deui pakait jeung lutung.
Ku boga sipat handap asorna US, merendah, low profile, tepikeun ka
sawatara ema-ema sok nyebut ka anak sorangan ge "utun inji", utun asal
usulna tina kecap lutung, inji (duka tah asalna tina kecap naon, hiji
manawi, atawa hiji-hijina, leres kitu?).
Aya deui:
Baheula sim kuring boga tatangga, anjeuna boga ucing dingaranan si
Utun pedah warnana hideung.
Reseplah nambihan pokabulari/kejembaran basa.
Kang Trias
Asep
---------------------------------
Be a better Heartthrob. Get better relationship answers from someone who
knows.
Yahoo! Answers - Check it out.
Asep
---------------------------------
Fussy? Opinionated? Impossible to please? Perfect. Join Yahoo!'s user panel
and lay it on us.
Asep
---------------------------------
Need a vacation? Get great deals to amazing places on Yahoo! Travel.