Pabeubeurang kuring ngulampreng ka KPP Tasikmalaya,  cek beja ti sumber anu 
tiasa dipercaya, nyaeta kieu :
  1..  Kantor Pelayanan Pajak Tasik tos robih janten KPP Pratama Tasikmalaya 
wilayah damelna Kota Tasik oge Kab.Tasik
  2.. Pelayanan digabungkeun, (Pelayanan Pajak,Pelayanan PBB,Pemeriksaan Pajak)
  3.. Berlaku ti mimiti kaping 28 Agustus 2007.
  4.. Kantor PBB Tasikmalaya dibubarkeun
  5.. Kab. Ciamis gaduh Kantor Pajak nyalira (sementara kantorna tilas Kantor 
PBB Tasik di Jl.Pancasila)
  6.. Kab. Garut gaduh Kantor Pajak nyalira.
Janten KPP Tasik tos dipecah janten tilu kantor KPP (Tasik-Ciamis-Garut)
Khusus KPP Tasik robih Janten KPP Pratama atanapi KPP Modern, tiap WP di 
wilayah kerja KPP Pratama Tasik ngagaduhan AR masing-masing. Samentara di KPP 
Pratama Tasik bakal aya AR jumlahna 6 urang. Tugas AR (Account Representative) 
ngabina,mere patunjuk,ngadidik ngeunaan sagala pajak (all tax) ka WP, oge anu 
boga wewenang keur ngajukeun dipariksa atawa henteuna ka bagean pamariksa.

KPP Pratama Tasik bakal 'launching tanggal 3 September 2007 poe Senen. Engke 
mah WP teu beunang "barang bere" ka patugas da gajihna oge geus disesuaikeun.
Mun teu salah gajih keur tingkat AR kurang leuwih kana 13 juta sabulan, keur 
kepala kantor mah ceunah kana 30 jutaan. Jadi ayeuna mah moal aya istilah kieu 
"Biar gajih kecil asal pendapatan gede"

Kebo

Kirim email ke