Sanes Kang, abdi mah buburuh di urang tionghoa Kang, kaleresan we abdi 
luha-loho ka KPP hehehe.

hatur nuhun
baktos Kebo

  ----- Original Message ----- 
  From: Aschev Schuraschev 
  To: [email protected] 
  Sent: Friday, August 31, 2007 9:12 AM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Beja ti Lembur


  Alhamdulillah upami sistem modern tos lebet oge ka pilemburan mah.

  Akang katingalina familiar pisan sareng kantor pajak; padamel Ditjen Pajak, 
sanes? Pun bojo, teurueh Sukapura, didamel di Ditjen Pajak oge; mung 
ditugaskeun di Kantor Pusat (Gatsu Jakarta) ayeuna teh.

  Salam,
  Asep


  Kebo Hideung <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

    Pabeubeurang kuring ngulampreng ka KPP Tasikmalaya,  cek beja ti sumber anu 
tiasa dipercaya, nyaeta kieu :
      1..  Kantor Pelayanan Pajak Tasik tos robih janten KPP Pratama 
Tasikmalaya wilayah damelna Kota Tasik oge Kab.Tasik 
      2.. Pelayanan digabungkeun, (Pelayanan Pajak,Pelayanan PBB,Pemeriksaan 
Pajak) 
      3.. Berlaku ti mimiti kaping 28 Agustus 2007. 
      4.. Kantor PBB Tasikmalaya dibubarkeun 
      5.. Kab. Ciamis gaduh Kantor Pajak nyalira (sementara kantorna tilas 
Kantor PBB Tasik di Jl.Pancasila) 
      6.. Kab. Garut gaduh Kantor Pajak nyalira.
    Janten KPP Tasik tos dipecah janten tilu kantor KPP (Tasik-Ciamis-Garut)
    Khusus KPP Tasik robih Janten KPP Pratama atanapi KPP Modern, tiap WP di 
wilayah kerja KPP Pratama Tasik ngagaduhan AR masing-masing. Samentara di KPP 
Pratama Tasik bakal aya AR jumlahna 6 urang. Tugas AR (Account Representative) 
ngabina,mere patunjuk,ngadidik ngeunaan sagala pajak (all tax) ka WP, oge anu 
boga wewenang keur ngajukeun dipariksa atawa henteuna ka bagean pamariksa.

    KPP Pratama Tasik bakal 'launching tanggal 3 September 2007 poe Senen. 
Engke mah WP teu beunang "barang bere" ka patugas da gajihna oge geus 
disesuaikeun.
    Mun teu salah gajih keur tingkat AR kurang leuwih kana 13 juta sabulan, 
keur kepala kantor mah ceunah kana 30 jutaan. Jadi ayeuna mah moal aya istilah 
kieu "Biar gajih kecil asal pendapatan gede"

    Kebo




  Asep



------------------------------------------------------------------------------
  Shape Yahoo! in your own image. Join our Network Research Panel today! 

   

Kirim email ke