Alhamdulillah upami sistem modern tos lebet oge ka pilemburan mah.
Akang katingalina familiar pisan sareng kantor pajak; padamel Ditjen Pajak,
sanes? Pun bojo, teurueh Sukapura, didamel di Ditjen Pajak oge; mung
ditugaskeun di Kantor Pusat (Gatsu Jakarta) ayeuna teh.
Salam,
Asep
Kebo Hideung <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Pabeubeurang kuring ngulampreng ka KPP Tasikmalaya, cek beja ti sumber anu
tiasa dipercaya, nyaeta kieu :
Kantor Pelayanan Pajak Tasik tos robih janten KPP Pratama Tasikmalaya
wilayah damelna Kota Tasik oge Kab.Tasik
Pelayanan digabungkeun, (Pelayanan Pajak,Pelayanan PBB,Pemeriksaan Pajak)
Berlaku ti mimiti kaping 28 Agustus 2007.
Kantor PBB Tasikmalaya dibubarkeun
Kab. Ciamis gaduh Kantor Pajak nyalira (sementara kantorna tilas Kantor
PBB Tasik di Jl.Pancasila)
Kab. Garut gaduh Kantor Pajak nyalira.
Janten KPP Tasik tos dipecah janten tilu kantor KPP (Tasik-Ciamis-Garut)
Khusus KPP Tasik robih Janten KPP Pratama atanapi KPP Modern, tiap WP di
wilayah kerja KPP Pratama Tasik ngagaduhan AR masing-masing. Samentara di KPP
Pratama Tasik bakal aya AR jumlahna 6 urang. Tugas AR (Account Representative)
ngabina,mere patunjuk,ngadidik ngeunaan sagala pajak (all tax) ka WP, oge anu
boga wewenang keur ngajukeun dipariksa atawa henteuna ka bagean pamariksa.
KPP Pratama Tasik bakal 'launching tanggal 3 September 2007 poe Senen. Engke
mah WP teu beunang "barang bere" ka patugas da gajihna oge geus disesuaikeun.
Mun teu salah gajih keur tingkat AR kurang leuwih kana 13 juta sabulan, keur
kepala kantor mah ceunah kana 30 jutaan. Jadi ayeuna mah moal aya istilah kieu
"Biar gajih kecil asal pendapatan gede"
Kebo
Asep
---------------------------------
Shape Yahoo! in your own image. Join our Network Research Panel today!