Dina hiji mangsa kuring nungkulan hiji acara, perkara "penulisan dan penerjemahan sastra". salah sahiji anu biantara teh, nyaeta Prof.Dr. sapardi Djoko Damono. Dina forum eta teh kuring naya perkara plagiat, samodel lagu panon hideung anu jiga lagu Rusia tea.
Ari jawaban cek Pa Sapardi teh, hiji karya (naha sastra tulisan atawa lagu), teu "mungkin" sarua lamun dijieun ku jalma anu beda, komo deui aya proses alih basa jeung proses kreativitas anu beda. Cindekna mah "plagiat" teh teu aya dina perkara karya sastra atawa lagu. Nu aya mah, hiji karya bisa jadi kapangaruhan ku karya sejenna. Sabaraha persen pangaruhna hiji karya ku karya sejenna, anu bisa dianggap jadi "plagiat" teu aya patokan anu jelas. Jadi istilah plagiat teh, eta mah jijieunan para pedagang (kapitalis), supaya daganganana laku, ngarah heunteu ditiron ku batur. baktos, mrachmatrawyani --- Dudi Indrasetiadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Ngiring nimbrung ah. > > Raraosan mah, sababaraha taun ka pengker aya laguna > Julio Iglesias anu > judulna "Natalie", upami didangukeun mah eta ge sami > persis sareng > lagu "Panon Hideung". Karesepna Kang Ibing lagu eta > teh. > > Sababaraha minggon kamari sim kuring oge naroskeun > perkawis lagu > "Tokecang", aya di dieu yeuh > http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/message/119157, > tapi teu aya > nu masih kometar. ____________________________________________________________________________________ Be a better Globetrotter. Get better travel answers from someone who knows. Yahoo! Answers - Check it out. http://answers.yahoo.com/dir/?link=list&sid=396545469

