Basa pertengahan bulan Agustus panggih jeung Kang Ajip biasa we di PSS (Pusat
Studi Sunda) di Kliningan Bandung, ceuk cenah mah kuring teh hayang rada
rerencepan nalungtik hal ....barangtuangna Kang Ajip..!, lain nanaon pedah we
ti Panitia milangkala 70 taun Kang Ajip, kuring napa beja dipenta nulis
ngeunaan Kang Ajip, puguh we kuring teh rada kerung, na naon atuh nu kudu
ditulisna. Kang Ajip mah apan anu sakitu jugalana dina kancah sastra jeung
budaya boh Indonesia boh Sunda, arek nulis hal hasil karyana mah wah moal
kehontal. Keur baluweng naon anu rek ditulis, kabeneran aya Kang Dadan mere
lolongkrang ceuk kang Dadan anu can aya nu nulis eta perkara resepna
barangtuang. Lakadalah nya ieu we atuh nu rek ditulis teh, da aya nu kungsi
nyarita Kang Ajip mah rada gembul. Tah perkara gembul ieu rek diteangan bener
henteuna.
Nya tidinya rada merhatikeun mun Kang Ajip keur barangtuang. Ceuk legegna
ngayakeun observasi keur bahan tulisan, bari tatanya kaditu kadieu utamana ka
anu geus kungsi bareng dahar jeung Kang Ajip, kaasup ngahaja manggihan ka Pa
Embas (yuswana tos 82 taun, tapi jagjag keneh pisan) balad kang Ajip ti keur
ngora.
Papanggih di PSS teh kuring nepikeun yen kuring hayang ulin ka Pabelan, ka
bumina kang Ajip, Kang Ajip ngajak pisan, terus we jangjian pimiangeun teh
satutas Kang Ajip dipasrahan anugrah Budaya ti BACC, tanggal 5 September 2007,
kebeneran kuring ngilu hadir waktu papasrahan Anugrah Budaya teh. Enya we Kang
Ajip ngajak deui.
Miang ti Bandung ka Pabelan teh bareng samobil jeung kang Ajip, poe isukna
tanggal 6 Sept 2007, tabuh dalapan isuk isuk, memeh miang nyimpang heula ka Pa
Embas, Pa Embas satengah dipaksa kudu ngilu ka Pabelan, atuh teu bisa kumaha
tungtungna Pa Embas ge ngilu, samobil teh tiluan ka opat supirna Kang Ajip.
Nyimpang heula ka Pa Ading (RAF), saur kang Ajip teh urang ngalongok heula
Ading, keur gering. Enya we Pa Ading Affandi, teu tiasa nanaon nuju ngagoler
we, saur Pa Ading rada beurat panyakit teh kaserang kanker, ayeuna nuju di
kemo. Aya dongeng Pa Ading harita, nu kapendak teh kanker di tenggek, kudu di
operasi, tapi nampa beja cobaan diubaran ku jus kulit jeruk bali anu bodasna,
nya dicobaan, hasilna sae kanker dina tenggek ngirangan hanjakal kankerna Pa
Ading tos nyaliara, nepi ka kudu di kemo.
Mobil nyemprung ka Pabelan, di Nagreg eureun heula bari sakalian lohor,
nyimpang ka Sangu Liwet Asep Strowbery, ceuk Kang Ajip didieu leuwih ngeunah
batan nu sejen. Nyimpang deui di Gombong ka warung sate gule, Kang Ajip enyaan
teu aya pantrangan, sate dihekak kitu deui gule jeung tongseng. Nepi ka Pabelan
Magelang teh kira-kira tabuh salapan peuting, geus disadiakeun dahar ku Ceu
Empat, bojona Kang Ajip.
Isukna poe Jumaah, kuring ngilu ka Kang Ajip kana acara di Keraton Jogja, pedah
eta aya pagelaran kasenian Sunda anu munggaran di keraton Joga nu ngayakaeun
teh PWJB Jogja (Paguyuban Warga Jabar Jogja), nu mere pidato panganteur ti
inohong Jabar teh Syafik Umar Pikiran Rakyat, kuring noal ka Kang Ajip...kapan
Sya fik Umar mah lain urang Sunda, jawab Kang Ajip pan disebutkeun sambutan ti
inohong Jabar, lain inohong Sunda, kuring unggut-unggutan.
Beres ti ondangan, Pa Syafik ngilu ka Kang Ajip, mengkol heula ka Warung Mang
Engking dahar hurang galah, tuh pan Kang Ajip mah enyaan teu aya pantrangan,
udang sakitu lobana dihekak deui bae.
Nepi ka bumina Kang Ajip meh liwat asar, di bumina geus kasampak tamu ti
Jakarta, nyaeta pangarang Soekanto AS, geus kolot yuswana meh 76 taun, sukur
Alhamdulillah keur kuring mah bisa tepung jeung pangarang senior, nu kadenge
teh ceuk Pa Soekanto...."Jip kamu bikin kerajaan yah...!". Enya ari kituna mah
bumina Kang Ajip teh lega pisan, gedong perpustakaan sabangunan, keur tamu
sabangunan aya tilu kamar badag, keur dapur tempat pembantu sabangunan, jaba
aya palalangon deuih, keur pangreureuhan bari ningali kajauhnakeun. Di
Gerbangna aya tulisan Jati Niskala.
Poe Saptu kuring ngiclik deui ka Kang Ajip ka acara di Musium Afandi, da kang
Ajip jadi pembicara dina acara peringatan 100 taun pelukis Afandi. Mulang ti
musium Afandi kuring misahkeun maneh da rek mulang ka Bandung kana kareta anu
jam satengah sapuluh peuting, kareta Lodaya, tapi kuring menta didrop di pasar
buku di Book Cnter Jogja, niat teh rek neangan buku buku Sunda, sugan aya, nya
manggih buku Puragabaya tapi teu lengkep ngan ukur ti jilid hiji nepi ka genep,
Nani Resep Maca, jeung Taman Pamekar,...geuning buku Sunda aya di Jogja.
Hanjakal korah koreh buku Sunda teh teu pati tumaninah da bari ngagegendol
rangsel, beurat, ukur nepi ka tabuh genep sore.
Nepi deui ka Bandung poe Minggu isuk isuk, terus ngagedur nulis hal Kang Ajip,
Alhamdulillah geus rengse ukur meunang sapuluh kaca A4 sa-spasi, ke isuk geto
rek dibikeun ka Panitia 70 Tahun Ajip Rosidi, eusina tulisan teh nya kitu we
hal barangtuangna Kang Ajip.