Insya Alloh ..Apih... dihapunten pisan...tur mugia urang sadaya digampilkeun
dina sagala urusan tur mugia dina sasih Romadhan ieu oge saterasna urang tiasa
ngaronjatkeun kataqwaan ka Gusti Alloh SWT tur mugia ditebihkeun tina hal-hal
anu ngabatalkeun tur ngirangan kana nilai/makna shaum urang sadaya. Amin yaa
robbal aalamin.
Baktos,
WAG
Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Para wargi, wirehna mayunan sasih Ramadhan, sim abdi salaku wargi
sareng salaku kuncen ieu milis, neda dihapunten samudaya kalepatan tilahir
dumugi ka bathin, mugi
kersa ngahapunten.
Sawangsulna bilih wae para wargi kagungan kalepatan sareng kakhilapan, insya
Allah sim
abdi ngahapunten pisan lahirna dugi ka bathina, balungbang timur caang bulan
opat welas,
bersih teu aya geuneuk maleukmeuk.
Pihatur,
ssw
kuncen #6#
http://cikundul3.multiply.com
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com