Para wargi, wirehna mayunan sasih Ramadhan, sim abdi salaku wargi sareng salaku kuncen ieu milis, neda dihapunten samudaya kalepatan tilahir dumugi ka bathin, mugi kersa ngahapunten. Sawangsulna bilih wae para wargi kagungan kalepatan sareng kakhilapan, insya Allah sim abdi ngahapunten pisan lahirna dugi ka bathina, balungbang timur caang bulan opat welas, bersih teu aya geuneuk maleukmeuk. Pihatur, ssw kuncen #6#
http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda

