Punten bade tumaros, utamina ka urang Karawang. Dupi di Karawang leres aya tempat anu namina CIPARANJE ? Saurna di Ciparanje eta aya hiji jenis hayam anu khas daerah eta, teu aya di tempat sanes. Namina HAYAM CIPARANJE (upami di Cianjur mah sapertos Hayam Pelung).
Manawi sareng manawi aya Baraya anu terang ngenaan jenis hayam Ciparanje ieu, manawi teu kaabotan punten sim kuring hoyong dipasihan informasi : 1. Di palih mana daerah Ciparanje teh di Karawangna ? 2. Naha masih keneh aya kitu eta Hayam Ciparanje teh ? 3. Upami Baraya aya anu kaleresan gaduh, punten japri we ka sim kuring, manawi dipasihkeun ku sim kuring bade di galeuh. Sakitu manawi, anu kasanggakeun, hatur nuhun sateuacanna kana bantosanana. Baktos, NFG

