Sumuhun kalebet jenis hayam adu Kang.

Mung anu kataksir ku sim kuring mah, ieu hayam (jagona) gaduh warna bulu
sareng bentuk badan (awak) anu endah, siga hayam philipine.
Saha anu terang, hayam Ciparage ieu tiasa janten jenis hayam hias unggulan
anu tiasa bersaing sareng hayam-hayam
hias anu tos aya ayeuna (sapertos Serama, kate, hayam cemara jepang, kapas
srrd)

Sakantenan iklan we ieu teh ah :

Bilih aya Baraya anu resep kana hayam Pelung, Hayam Bangkok, Manuk Kenari,
Domba Garut
Simkuring kaleresan gaduh peternakan aalitan. Mangga bilih peryogi mah Japri
we, atanapi telepone / SMS ka
dieu yeuh 08128109902,
Pangaos tiasa badami, pesenan tiasa dijajap dugi ka tempat pemesan (nambih
ongkos ngintun).

Hatur nuhun.

Baktos,

NFG (tukang ngangon hayam)

On 9/12/07, Suwandi, Sudirja (svmm) [Denholm-Zholdas LLP] <
[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>    Geuning mirip hayan adu nya .......,
> desa ciparanje oge mun tiasa mah di talusur, bilih aya kacamatan nulain di
> karawang .....
> mudah-mudahan teu lepat nya kang.
>
> wassalam,
>
> ade sudirja
>
>  ------------------------------
> *From:* [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] *On
> Behalf Of *Naufal Fajar Gumati
> *Sent:* Wednesday, 12 September, 2007 16:21
> *To:* [email protected]
> *Subject:* Re: [Urang Sunda] Hayam Ciparanje - Karawang
>
>
>
> Hatur Nuhun kang Suwandi,
>
> Eueuehhh muhun Ciparage sanes Ciparanje, eta emut wae kana paranje hayam
> Nuhun ah, dipasihan informasi tempatna, ke manawi aya waktos hoyong
> ngabuktoskeun ka Ciparage
>
> Abdi teh rada kagagas waktos muka situs peternakan nu aya di Belanda,
> didinya disebatkeun aya hayam asal bandung nu dikembangkeun di Belanda
> disebatna SUNDA KOOY / SUNDA KOOY HEN. Diemut2 di Bandung mah asana teu aya
> jenis hayam lokal anu khusus, sapertos hayam Pelung di Cianjur, ras we emut
> kantos aya anu ngadongeng perkawis Hayam Ciparage, ari dicobi disusud ku
> Juragan Google, saurna teh tos musnah (punah). Asa manglebarkeun, ari ku
> batur di piara di dama-dama, ari ku urang di lurjeunkeun. Anu matak anu
> mawi, sirah botak katinggang awi, sim kuring nyobian milari informasi,
> mamanawian aya keneh anu gaduh peperenian hayam Ciparage asli, ku sim kuring
> bade digaleuh. kitu tah Kang. Tah ieu photona ditangkodkeun, manawi aya nu
> kantos mendakan nu siga kieu di Karawang.
>
> Hatur Nuhun,
>
> baktos,
>
> NFG
>
> NB : Hayam anu tiasa 3G mah hayam anu diantingan atuh, kaseneng Kang Agus
> panginten nya ?
>         Kade ah Kang, bilih "kapacok"......
>
>
>
> punten gambarna kakantun ....
>
> On 9/12/07, Suwandi, Sudirja (svmm) [Denholm-Zholdas LLP] <
> [EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >    Puntennya, mun teu leupat......
> > Ciparage teh ayana di kecamatan tempuran...di pantai utara..., jalurna
> > tiasa lewat cikampek-wadas-tempuran mun ti bandung...
> > atawa lewat cilamaya-tempuran mun ti cirebon, tiasa oge lewat pasar
> > johar/karawang-telagasari-tempuran mun ti arah jakarta.
> > ari masalah hayam mah abdi teu teurang....da abdi dugi ka ayeuna hampir
> > tiap musin panen ka ciparage wae teu apal kang....
> > insya allah dua minggu deui oge abdi ka tempuran-ciparage....,
> > da 15 menitan ti bumi sepuh ka ciparage teh....,
> > teu teurang mun sepuh mah, apaleun atawa teu apaleun.
> >
> >
> > Wassalam
> >
> > Ade
> >
> >
> >  ------------------------------
> > *From:* [email protected] [mailto: [EMAIL PROTECTED]
> > *On Behalf Of *Naufal Fajar Gumati
> > *Sent:* Wednesday, 12 September, 2007 12:34
> > *To:* [EMAIL PROTECTED] ups.com
> > *Subject:* [Urang Sunda] Hayam Ciparanje - Karawang
> >
> >
> >
> > Punten bade tumaros, utamina ka urang Karawang.
> >
> > Dupi di Karawang leres aya tempat anu namina CIPARANJE ?
> > Saurna di Ciparanje eta aya hiji jenis hayam anu khas daerah eta, teu
> > aya di tempat sanes.
> > Namina HAYAM CIPARANJE (upami di Cianjur mah sapertos Hayam Pelung).
> >
> > Manawi sareng manawi aya Baraya anu terang ngenaan jenis hayam Ciparanje
> > ieu, manawi teu kaabotan punten sim kuring hoyong dipasihan informasi :
> > 1. Di palih mana daerah Ciparanje teh di Karawangna ?
> > 2. Naha masih keneh aya kitu eta Hayam Ciparanje teh ?
> > 3. Upami Baraya aya anu kaleresan gaduh, punten japri we ka sim kuring,
> > manawi dipasihkeun ku sim kuring bade di galeuh.
> >
> > Sakitu manawi, anu kasanggakeun, hatur nuhun sateuacanna kana
> > bantosanana.
> >
> > Baktos,
> >
> > NFG
> >
> >
> >
>   
>

Kirim email ke