Geuning mirip hayan adu nya .......,
desa ciparanje oge mun tiasa mah di talusur, bilih aya kacamatan nulain
di karawang .....
mudah-mudahan teu lepat nya kang.
 
wassalam,
 
ade sudirja

________________________________

From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of Naufal Fajar Gumati
Sent: Wednesday, 12 September, 2007 16:21
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Hayam Ciparanje - Karawang



Hatur Nuhun kang Suwandi,
 
Eueuehhh muhun Ciparage sanes Ciparanje, eta emut wae kana paranje hayam
Nuhun ah, dipasihan informasi tempatna, ke manawi aya waktos hoyong
ngabuktoskeun ka Ciparage

Abdi teh rada kagagas waktos muka situs peternakan nu aya di Belanda,
didinya disebatkeun aya hayam asal bandung nu dikembangkeun di Belanda
disebatna SUNDA KOOY / SUNDA KOOY HEN. Diemut2 di Bandung mah asana teu
aya jenis hayam lokal anu khusus, sapertos hayam Pelung di Cianjur, ras
we emut kantos aya anu ngadongeng perkawis Hayam Ciparage, ari dicobi
disusud ku Juragan Google, saurna teh tos musnah (punah). Asa
manglebarkeun, ari ku batur di piara di dama-dama, ari ku urang di
lurjeunkeun. Anu matak anu mawi, sirah botak katinggang awi, sim kuring
nyobian milari informasi, mamanawian aya keneh anu gaduh peperenian
hayam Ciparage asli, ku sim kuring bade digaleuh. kitu tah Kang. Tah ieu
photona ditangkodkeun, manawi aya nu kantos mendakan nu siga kieu di
Karawang. 
 
Hatur Nuhun,
 
baktos,
 
NFG
 
NB : Hayam anu tiasa 3G mah hayam anu diantingan atuh, kaseneng Kang
Agus panginten nya ?
        Kade ah Kang, bilih "kapacok"......

 

punten gambarna kakantun ....



On 9/12/07, Suwandi, Sudirja (svmm) [Denholm-Zholdas LLP]
<[EMAIL PROTECTED] <mailto:[EMAIL PROTECTED]> > wrote: 

        
        Puntennya, mun teu leupat......
        Ciparage teh ayana di kecamatan tempuran...di pantai utara...,
jalurna tiasa lewat cikampek-wadas-tempuran mun ti bandung...
        atawa lewat cilamaya-tempuran mun ti cirebon, tiasa oge lewat
pasar johar/karawang-telagasari-tempuran mun ti arah jakarta.
        ari masalah hayam mah abdi teu teurang....da abdi dugi ka ayeuna
hampir tiap musin panen ka ciparage wae teu apal kang....
        insya allah dua minggu deui oge abdi ka tempuran-ciparage....,
        da 15 menitan ti bumi sepuh ka ciparage teh....,
        teu teurang mun sepuh mah, apaleun atawa teu apaleun.
         
         
        Wassalam
         
        Ade
         

________________________________

        From: [email protected] <http://ups.com/>  [mailto:
urangsunda@ <mailto:urangsunda@> yahoogroups.com
<http://yahoogroups.com> ] On Behalf Of Naufal Fajar Gumati
        Sent: Wednesday, 12 September, 2007 12:34
        To: [EMAIL PROTECTED] ups.com <http://ups.com/> 
        Subject: [Urang Sunda] Hayam Ciparanje - Karawang
        
         
        

        
        Punten bade tumaros, utamina ka urang Karawang.
         
        Dupi di Karawang leres aya tempat anu namina CIPARANJE ?
        Saurna di Ciparanje eta aya hiji jenis hayam anu khas daerah
eta, teu aya di tempat sanes.
        Namina HAYAM CIPARANJE (upami di Cianjur mah sapertos Hayam
Pelung).
         
        Manawi sareng manawi aya Baraya anu terang ngenaan jenis hayam
Ciparanje ieu, manawi teu kaabotan punten sim kuring hoyong dipasihan
informasi :
        1. Di palih mana daerah Ciparanje teh di Karawangna ?
        2. Naha masih keneh aya kitu eta Hayam Ciparanje teh ?
        3. Upami Baraya aya anu kaleresan gaduh, punten japri we ka sim
kuring, manawi dipasihkeun ku sim kuring bade di galeuh.
         
        Sakitu manawi, anu kasanggakeun, hatur nuhun sateuacanna kana
bantosanana.
         
        Baktos,
         
        NFG
         

        

        

        

        

        

        


 

Kirim email ke