Muhun tah kedahna milari solusi anu sederhana tina masalah anu maha ruwet 
sapertos benang kusut kitu. Pamandangan aki mah ngakalanana dina raraga 
ngigelan eta masalah teh dikawitan kucara nyicil, ulah palay sakaligus sabab 
moal mungkin. artos anu sakitu ageungna, teu kedah aya nyakali, tapi 
ngamangpaatkeun artos anu aya tina hasil tabungan nagara (upami aya). janten 
anu penting teh sok-sokanana, tepat alokasi sasaran dina sektor anu "mingpin" 
(leading sector) kana nerekabna lowongan padamelan; tangtosna anu ngahasilkeun 
hasil enggal, (quik yielding). Didieu masalahna, leading sector anu peryogi di 
urang teh prasarana anu can cekap, padahal hasilna sok lami ari proyek2 kitu 
mah. Di sisi lain tos ranghap beuteung lapar komo 42 juta urang teh sungutna 
mah tiasa janten 3 x sareng tanggunganana (dependency ratio ). Naha geuning aya 
wartos dana nganggur di BI, malih wantuneun mayar bunga, tibatan nyalurkeun ka 
usahawan anu peryogieun modal sabage pancingan (pumpriming
 capital).Mana kitu ge teu aya kawani ngigelan resiko? Padahal upami usaha 
leutik heula digarap bener2, jigahna tiasa langsung ngirangan masalah anu ruwet 
tadi. Buktosna ngajalankeun kridit candak kulak sapertos di Bangladesh, 
mangkaning nasabahna seuseueurna kaum ibu, hasilna lumayan. Nurutan anu sae mah 
wajib sanaos timana wae datangna. Sigahna nagara/pamingpin/eta anu dibarendo di 
urang mah loba ngagugulung gengsi, buktina mihak wae ka usaha-usaha 
konglomerat. dana investasi 70 % ku konglomerat, 30 % ka usaha alit??? 
kabuktian konglomerat baleunghar tapi tetesan ka handapna ku nerekabna lowongan 
padamelan sakedik, teu cukup kana lowongan anu diperyogikeun. kaayaan kitu 
akibatna subur sogok kanggo parebut lowongan. kadituna ekonomi lain nerekab 
janten ageung, tapi hese jeung hese wae. Masalah kirang dana sanes wae di 
urang, di nagara sejen oge kitu, tapi batur mah pinter ngigelan masalah. 
Ngumpulkeun dana investasi teh sabenerna tiasa dicoba ku cara2 sederhana oge, 
Artos2
 hak nagara kedah leres2 lebet ka kas nagara, supados nagara loba tabungan, (ku 
cara effisiensi). NGURUS SISTEM LEBET ARTOS KANA KAS NAGARA masih amburadul, 
aya kocap nagih pajeg ku petugas, atuh gampang pisan dikorupsina, Duit tea amis 
ceuk babasan. Dina hal ngurangan korupsi, oge hesena luar biasa, sabab anu 
janten koruptor sanes wae anu kagungan kakawasaan (punten sababaraha PNS) da 
anu puguh ageung mah malingna teh sidik rereongan sareng pihak swasta. Sok 
geura talungtik data penjahat anu malingna triliunan. (Wah mungkin ieu kalebet 
aki teh sologoto yeuh saur ayi mh mah). Tapi tiasa dibuktikeun yen teu aya 
koruptor kakap ti pihak usahawan leutik. Numatak eureunan mihak ka usahawan 
ageung, keun wae da maranehna mah puguh mampu ngamodal nyalira. Hanca,.. sakitu 
heula kangge danget ieu mah. Wallohu Alam. Wilujeng saum kasadaya wargi di 
babakan Kusnet. Assalamu alaikum.     

surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

       
---------------------------------
Tonight's top picks. What will you watch tonight? Preview the hottest shows on 
Yahoo! TV.    

Kirim email ke