aduh punten kang ieu teh asa dikelek ketek ngadangu PNS mung tiasa ngahambuskeun artos nagara .. hehehe punten kang asa kasindiran tah... rumaos sim kuring pagawe nagri tapi Alhamdulillah .. mugi diparengan kunu kawasa .. tong dikersakeun ngahamburkeun artos nagara kitu tah kang.. da seueur oge PNS anu teu korupsi ge kang .. mung memang nu kasorot mah pns nu korupsi ..
perkawis anggaran nu dipotong 70% .. sanes sadayana dipotong 70% kang tapi biaya perjalanan anu teu mengikat anu dipotong 70% teh kitu tah .. tapi anggaran kegiatan mah anu sanes masih tetap 100% kitu kang .. rumaos memang gaji pns teh alit komo upami damel di jakarta karaos pisan alitna malih mah dibandingkeun sareng pegawai pemda dki mah paling mung 1/2 na atanapi 1/4 na ...eta ge ceuk cenah .. firman pagawe nagri ----- Original Message ----- From: MRachmat Rawyani To: [email protected] Sent: Thursday, September 13, 2007 10:09 AM Subject: Re: [Urang Sunda] APBN...VS pangangguran VS NPM...mindset. Bade ngiring aub ah,ngomenrtaran perkawis dihandap. Waktos reformasi "digulirkan", saleresna mah, hal anu kedah dibereskeun perkawis birokrasi. Gentos menteri heunteu "menyelesaikan masalah". Pelaksana birokrasi anu utama ti eselon 1 dugi ka eselon IV. Upami "mindset" birokrasi eselon I-IV heunteu robih, anu bakal kajadian contoh ekstrimna nyaeta kasus di Kementrian Kelautan dan Perikanan mangsana Rohmin Dahuri. Ayeuna, Menteri keuangan ngayakeun "gebrakan" motong anggaran satiap Departemen dugi ka 70 %, puguh wae para pelaksana birokrat pada "ngoceak". babakuna mah anu biasana royal diwowoy ku anggaran "berlimpah", jadi seret. pertanggungjawaban anggaran oge "diperketat". Tapi da biasa tos lihey dina ngahamburan anggaran, aya wae celah-celah anu masih tiasa dimangpaatkeun. Perjalanan ka luar negri, contona, masih longgar. Anu utamana mah, ngarah anggaran teu bocor mah, salah sahijina naekkeun gaji atanapi tunjangan PNS ka tingkat anu layak. Margi salami ieu, gaji anu ditampi pagawe nagri teh, mung seperduawelas anu sakedahna (data waktos Menpanna Sarwono Kusumatamadja). Asuransi kasehatan contona, mung layak kanggo PNS golongan IV kaluhur, ari PNS golongan III kahandap mah, masih pikarunyaeun. Naekkeun gaji, ngabalukarkeun "bengkak" APBN. Teu naon-naon, da hakna PNS dipasihan imbalan anu layak. Tibatan APBN "bengkak", tapi kanggo ngabeayaan mayaran hutang para pangusaha anu "ngemplang". baktos, mrachmatrawyani --- surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Artikel heubeul anu nyuat2 prinsip NPM versus > Birokat. > Anggaran Taun 2007 keur PN,ABRI jeung POLRI RP 99 > Triliun. Korupsi tetep menggebu. Pangangguran 42 > juta > jelema.... > ================================================ > __________________________________________________________ Don't let your dream ride pass you by. Make it a reality with Yahoo! Autos. http://autos.yahoo.com/index.html ------------------------------------------------------------------------------ No virus found in this incoming message. Checked by AVG Free Edition. Version: 7.5.485 / Virus Database: 269.13.16/1004 - Release Date: 9/12/2007 5:22 PM

