> "dudi_ss" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > eta "Arya" teh geuning gelarnya > tapi saha nya anu gaduh wewenang masihan gelar eta pan karajaan > urang tos teu aya, piraku gelar ti karjaan walanda?
Kang Dudi nu masihan gelar-gelar eta teh KARAJAAN WALANDA, nganggo bisluit (SK). Sigana mah gelar-gelar eta teh "warisan" waktu Priangan di kawasa ku Mataram. Walanda nu neruskeun kakawasaan Mataram di Priangan henteu ngarobah malah ngadopsi sistem Mataram ieu. Bedana na teh nu tadina mah wewenang Sultan Mataram, sanggeus ku Walanda jadi wewenang Raja/Ratu Walanda. Baktos, WALUYA

