Perkara gelar ieu, aya pangalaman jeung "pengetahuan"
anyar anu karandapan ku kuring. Jigana perkara gelar
ieu teh, hiji tradisi, aya dimana-mana anu nganut
sistem katatanagaraan karajaan/kasultanan, boh di
kulon atawa di wetan. Jigana tos aya tidituna budaya
masihan gelar pikeun jalma anu loba jasana. kapaning
Inggris masih sok merean gelar "sir".

Kamari ieu, UI teh didongkapan ku Gubernur New South
Wales Australia. Ari anu katatamuan mah Gubernur DKI
Jakarta, minangka males kunjungan balesan waktu
Sutiyoso nganjang ka New South Wales, anu terus di
Canberra hotel Sutiyoso digerebeg pulisi tea.
Tah, gubernur New South wales (awewe)teh katurunan
lebanon, dokter ahli jiwa. Manehna jeung salakina teh
boga gelar, pamere ti Ratu Inggris, anu nepi ka ayeuna
gelar eta teh tetep masih dipake.
Jadi, budaya feodal (mere gelar), masih aya nepi ka
ayeuna. Di Malaysia anu nganut sistem kasultanan masih
aya "hadiah" gelar ti sultan keur rahayatna. Mahatir
salah sahiji anu dibere gelar.

baktos,

mrachmatrawyani

--- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> > "dudi_ss" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >  eta "Arya" teh geuning gelarnya
> > tapi saha nya anu gaduh wewenang masihan gelar eta
> pan karajaan 
> > urang tos teu aya, piraku gelar ti karjaan
> walanda?
> 
> Kang Dudi nu masihan gelar-gelar eta teh KARAJAAN
> WALANDA, nganggo 
> bisluit (SK). Sigana mah gelar-gelar eta teh
> "warisan" waktu Priangan 
> di kawasa ku Mataram. Walanda nu neruskeun
> kakawasaan Mataram di 
> Priangan henteu ngarobah malah ngadopsi sistem
> Mataram ieu. Bedana na 
> teh nu tadina mah wewenang Sultan Mataram, sanggeus
> ku Walanda jadi 
> wewenang Raja/Ratu Walanda.
> 
> Baktos,
> WALUYA
> 
> 
> 



      
____________________________________________________________________________________
Catch up on fall's hot new shows on Yahoo! TV. Watch previews, get listings, 
and more!
http://tv.yahoo.com/collections/3658 

Kirim email ke