Ke*ke * Teh Ipeut atanapi baraya sanes, abdi bade tumaros meungpeung topikna
"Peueyeum Ketan" sareng nu resep peuyeum ketanna tos nikah. Punten, ieu mah
rada jorang/parno mangkaningan nuju sasih saum*wios nya da teu aya maksad
kadinya, nya?...
Aya mitos di lembur abdi, duka di wewengkon sanes mah, sami teu? Aya aturan nu
kedah ditumutkeun pami nuju "meuyeum ketan". Nu ngadamelna teu kenging
"ngalakukeun kawajiban" istri-pameget" (tangtos nu tos nikah, nu teu acan mah
duka heheh*teu ngiringan ah*) margi peuyeumna sok haseum alias teu amis.
Emut ka pun nini (jenatna) kaleresan bade hajat, miwarang ka wargi nu sok
ngadamel peuyeum dugi ka nyarios heula meuni omat-omatan,"Kade siah tong sare
jeung salaki engke peuting! Peuyeumna haseum! Mangkaningan 5 leter! Bisa
mubadir*.!"
Tras, pami boboran, silaturahmi ka tatanggi, kaleresan aya peuyeum ketan, pami
diraosan haseum, nu ngaraosan eta peuyeum teh sok mesam-mesem* hehehe...
Percanten atanapi henteu? Ieu mung sakadar mitos*. tapi buktos.
Cik naon hubunganana proses fermentasi sareng ngalakukeun kawajiban?
ro2
>>> [EMAIL PROTECTED] 09/29/07 09:11AM >>>
Amin...amin...amin, hatur nuhun pidoana. Baruk akang teh urang kuningan, sae
kuningan mah seueur oleh-olehna. Sapertos peuyeum ketan anu dibungkus ku daun
jambu,.....raos kang, tasik mah naonnya...? piraku kang Geni tukang
kiridit...he he, ah da enya didieu ge, angger wae tukang kiridit mah uarng
tasik.
Yu kang urang tepang, engkinnya di HBH, matak resep geura.
Punten, kasadaya baraya ieu mah sapertos chating. Tapi da kumaha upami teu
silih taros diieu lembur moal resep sanes kitu kang Geni...!
Wassalam
ipeut