Kuningan ayeuna janten sentra produksi Peuyeum Ketan,
Peuyeum nu dibungkusan ku daun jambu, diwadahan kana
ember hideung, matak katelah "Peuyeum emberan".

Saur salah sapuluh produsen peuyeum, anu paling penting
dina proses ngadamel peuyeum teh, nyaeta kedah bersih.
Panangan kedah dikumbah, komo tilas ngorong mah (jigana
bilih peuyeumna henteu janten asin). teras ibak heula meh 
teu kesangan. Jadi, jigana mah palakiah-na mah mung kedah 
"bersih & steril" wungkul.

soal nu sejen mah...ah mitos we eta mah...
da mun enya kitu mah, atuh karunya ka tukang peuyeum..
da ngadamel peuyeumna ge tiap dinten..kabayang meureun..
heu..heu

Pami amengan ka Kuningan, di pinggir jalan seueur nu icalan
eta peuyeum emberan. Salian ti peuyeum, produk leueuteun 
Sirop Jeruk Nipis oge seueur. Botolna diborongsongan ku awi, 
meh gampil ngajingjingna. Sami jiga peuyeum, seueur diical 
dikios2 pinggir jalan.

Naha diicalan di pinggir jalan ? soalna mah mun 
ditengah jalan mah ngahalangan mobil nu liwat..


-dul-
tukangteuing



--- In [email protected], "Roro Rohmah" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> 
> 
> 
> Ke*ke * Teh Ipeut atanapi baraya sanes, abdi bade tumaros 
meungpeung topikna "Peueyeum Ketan" sareng nu resep peuyeum ketanna 
tos nikah. Punten, ieu  mah rada jorang/parno mangkaningan nuju sasih 
saum*wios nya da teu aya maksad kadinya, nya?...
> 
> Aya mitos di lembur abdi, duka di wewengkon sanes mah, sami teu? 
Aya aturan nu kedah ditumutkeun pami nuju "meuyeum ketan". Nu 
ngadamelna teu kenging "ngalakukeun kawajiban" istri-
pameget" (tangtos nu tos nikah, nu teu acan mah duka heheh*teu 
ngiringan ah*) margi peuyeumna sok haseum alias teu amis.  
> 
> Emut ka pun nini (jenatna) kaleresan bade hajat, miwarang ka wargi 
nu sok ngadamel peuyeum dugi ka nyarios heula meuni omat-omatan,"Kade 
siah tong sare jeung salaki engke peuting! Peuyeumna haseum! 
Mangkaningan 5 leter! Bisa mubadir*.!"
> Tras, pami boboran, silaturahmi ka tatanggi, kaleresan aya peuyeum 
ketan, pami diraosan haseum, nu ngaraosan eta peuyeum teh sok mesam-
mesem* hehehe...
> 
> Percanten atanapi henteu? Ieu mung sakadar mitos*. tapi buktos.
> Cik naon hubunganana proses fermentasi sareng ngalakukeun kawajiban?
> 
> ro2
> 
> 
> >>> [EMAIL PROTECTED] 09/29/07 09:11AM >>>
> 
> Amin...amin...amin, hatur nuhun pidoana. Baruk akang teh urang 
kuningan, sae kuningan mah seueur oleh-olehna. Sapertos peuyeum ketan 
anu dibungkus ku daun jambu,.....raos kang, tasik mah naonnya...? 
piraku kang Geni tukang kiridit...he he, ah da enya didieu ge, angger 
wae tukang kiridit mah uarng tasik.
> Yu kang urang tepang, engkinnya di HBH, matak resep geura.
>  
> Punten, kasadaya baraya ieu mah sapertos chating. Tapi da kumaha 
upami teu silih taros diieu lembur moal resep sanes kitu kang Geni...!
>  
> Wassalam
>  
> ipeut
>


Kirim email ke