baruk..!, kitu eta teh......mangkaning, si ipeut rek meuyeum ketan, kumaha ieu
teh..???
Lemburna dimana teh..? ipeut nembe nguping ...nyaan nembe terang ayeuna aya
mitos sapertos kitu.
Jigana mah aya pakait, ngadamel peuyeumna teu fokus, da emut wae kana
eta......hahahaha, siteteh bari nyakakak, janten hasilna haeum .....punten
baraya jorang bari hayang seuri wae......
ipeut
(ah, moal meuyeum ketan, bisi haseum. meser wae disupermarket, dijamin amis)
Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ke
ke
Teh Ipeut atanapi baraya sanes, abdi bade tumaros meungpeung topikna
Peueyeum Ketan sareng nu resep peuyeum ketanna tos nikah. Punten, ieu mah
rada jorang/parno mangkaningan nuju sasih saum
wios nya da teu aya maksad
kadinya, nya?...
Aya mitos di lembur abdi, duka di wewengkon sanes mah, sami teu? Aya aturan
nu kedah ditumutkeun pami nuju meuyeum ketan. Nu ngadamelna teu kenging
ngalakukeun kawajiban istri-pameget (tangtos nu tos nikah, nu teu acan mah
duka heheh
teu ngiringan ah
) margi peuyeumna sok haseum alias teu amis.
Emut ka pun nini (jenatna) kaleresan bade hajat, miwarang ka wargi nu sok
ngadamel peuyeum dugi ka nyarios heula meuni omat-omatan,Kade siah tong sare
jeung salaki engke peuting! Peuyeumna haseum! Mangkaningan 5 leter! Bisa
mubadir
.!
Tras, pami boboran, silaturahmi ka tatanggi, kaleresan aya peuyeum ketan,
pami diraosan haseum, nu ngaraosan eta peuyeum teh sok mesam-mesem
hehehe...
Percanten atanapi henteu? Ieu mung sakadar mitos
. tapi buktos.
Cik naon hubunganana proses fermentasi sareng ngalakukeun kawajiban?
ro2
>>> [EMAIL PROTECTED] 09/29/07 09:11AM >>>
Amin...amin...amin, hatur nuhun pidoana. Baruk akang teh urang kuningan, sae
kuningan mah seueur oleh-olehna. Sapertos peuyeum ketan anu dibungkus ku daun
jambu,.....raos kang, tasik mah naonnya...? piraku kang Geni tukang
kiridit...he he, ah da enya didieu ge, angger wae tukang kiridit mah uarng
tasik.
Yu kang urang tepang, engkinnya di HBH, matak resep geura.
Punten, kasadaya baraya ieu mah sapertos chating. Tapi da kumaha upami teu
silih taros diieu lembur moal resep sanes kitu kang Geni...!
Wassalam
ipeut
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com