Hee..heu.. mun heug nelpon kuring samemehna keneh atuh dijemput ti hangnadim keneh, komo bari kanyahoan kaselok ku kuli panggulmah dicarekan kuaing eta porterteh. Numatak di nagara urangmah jasa/serpis nukararitu teh lain kadua nyambut tur someah ka para tamuna pikeun ngamumule daerahna sangkan loba nu datang ehhh ieu mah kadon nguciwakeun..... Hapunteun kang ah kanggo kateusugemaanana diBatam/tanjung pinang, sugan we teu kabeh porter kitu.
Heu...heu Ambek Aingmah ka porter ------------------------------------------------------- ----- Original Message ----- From: waluya56 To: [email protected] Sent: Wednesday, October 03, 2007 12:26 PM Subject: [Urang Sunda] Dua Poe di Tanjung Pinang (1) Beres aras-arus di Bandara Hang Nadim, terus naek taksi ka Talaga Punggur, dermaga kapal Ferry ka Tanjung Pinang, ongkos taksi Rp. 65,000. Tepi ka Punggur, kuring neangan portir, sabab barang teh tilu koli nu kabeh beuratna 90 kilo, acan tas pakean. Rebut tawar jeung kuli nu boga roda, rada lila da teu kira-kira mentana Rp. 60.000. Tapi akhirna turun jadi Rp. 30.000. Geus kitu kakara meuli karcis ka Tanjung Pinang, hargana Rp. 35.000 saurang, Aran ferryna Santosa. Terus asup ka ruang tunggu tempat kapal sandar. Ari sugan teh teu kudu mayar deui, ari pek teh kudu mayar asup ka ruang tunggu teh Rp. 4000/ urang. Kacida kuring atohna teu hese neangan nu ngajemput. si Pa Iyus terus mawa kuring saparakanca kana mobilna. Barang-barang ditaekkeun kana mobil. Saberesna ngasupkeun barang, kuring ngaluarkeun duit Rp. 30.000 terus diasongkeun ka kuli. Na atuh si kuli teh kalahka protes, pajarkeun teh tadi lain Rp. 30.000 tapi kudu ditambahan deui Rp. 20.000. Meg teh kana hate, tadi di Batam siga kieu ....eh di Tanjung Pinang ge sarua. Kulantaran cape jeung lapar, kuring nyengor rada nyeuneu, "bagaimana kamu ini?" Si kuli ngajawab, kitu jeung kieu. Nempo kuring patorong-torong, si Pa Iyus nyampeurkeun, bere we Rp. 10.000 deui, cenah. Nya kapaksa golosor deui ditambahan. babaturan noel terus nyarita make basa Sunda, "Pa, didieu mah geuning teu laku hasil nego teh, bisa robah deui ukur dina 5 menit ....." Recent Activity a.. 16New Members b.. 1New Photos c.. 1New Files Visit Your Group Search Ads Get new customers. List your web site in Yahoo! Search. Yahoo! Groups Join a yoga group and take the stress out of your life. Yahoo! Groups Find Green Groups Share with others Help the Planet. .

