Mang, pan ayeuna geus aya jakarta - tg. pinang langsung, pake merpati. ngadangu
dibuka dgn harga 450 rebu kituw
BY
waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Malem Minggu kamari, jam satengah dua peuting, kuring duaan jeung
babaturan ngageuleuyeung nuju Cengkareng arek ka Tanjung Pinang
ngaliwatan Batam. Ka Tanjung Pinang teh lain rek ulin, arek digawe
aya nu nitah, biasa akar-ukur dilapangan. Sabenerna mah hoream indit-
inditan di bulan Puasa teh, komo kudu digawe papanasan mah, sieun
batal puasa, ngan kumaha da "dipiwarang" juragan pangab
(utuh) ......hehehehe. Indit peuting keneh teh, ngudag kapal
Garuda nu hiber jam genep isuk-isuk supaya datang ka Tanjung Pinang
isuk keneh ngarah bisa langsung digawe. Kuring acan kungsi nyaba ka
Tanjung Pinang, jadi keur kuring ieu munggaran.
Tepi ka Cengkareng jam 4 subuh, Counter check in Garuda nu ka Batam
acan buka, nungguan satengah jam kakara buka. Kuring daftar
pangheulana da nu sejen mah acan saurang oge anu datang. Beres
daftar, langsung asup ruang tunggu, jle diuk. Karasa lelenggutan,
tunduh jeung sungut pararait. Inget tadi basa rek indit ti imah ukur
nginum kopi jeung kulub endog, itung-itung sahur, da rek dahar teh
teu bisa, wareg keneh tas buka sorena.
Kapal hiber pas waktuna, panumpangna ngan aya 30 urang. Atuh laluasa
di jero teh, bisa ngagoler sagala. kuring tepi ka Batam kira-kira
satengah dalapan. Sanggeus nyokot bagasi, kuring lapor ka bea cukai,
menta surat yen alat-alat elektronik nu dibawa ku kuring teh ti
Indonesia keneh. Surat ieu perlu, keur
ditembongkeun waktu balik, bisi disangka barang bawa ti luar negeri.
Beres aras-arus di Bandara Hang Nadim, terus naek taksi ka Talaga
Punggur, dermaga kapal Ferry ka Tanjung Pinang, ongkos taksi Rp.
65,000. Tepi ka Punggur, kuring neangan portir, sabab barang teh
tilu koli nu kabeh beuratna 90 kilo, acan tas pakean. Rebut tawar
jeung kuli nu boga roda, rada lila da teu kira-kira mentana Rp.
60.000. Tapi akhirna turun jadi Rp. 30.000. Geus
kitu kakara meuli karcis ka Tanjung Pinang, hargana Rp. 35.000
saurang, Aran ferryna Santosa. Terus asup ka ruang tunggu tempat
kapal sandar. Ari sugan teh teu kudu mayar deui, ari pek teh kudu
mayar asup ka ruang tunggu teh Rp. 4000/ urang.
Di dermaga, kapal ferry acan datang, tapi aya kapal rada leutik, rada
ngaharib-harib long boat. Ku portir barang-barang kuring langsung
diasupkeun kana long boat ieu. Kuring protes da eta mah lain ferry
Santosa. Si kuli teh kalahka ngomong kieu: " Biar cepat sampai Pak,
karcisnya pun sama saja". Tadina mah kuring rek nolak, sabab rada
trauma naek speed boat model kieu teh jeung keuheul ka kuli nu
hayang geura-geura beres kawajibanana. Tapi batur kuring kalahka
ngajleng asup ka jero kapal, nya kapaksa kuring ge
ngiluan asup. Memeh asup, kuring mayar kuli, ngan waktu diasongan
duit Rp. 30.000 teh, manehna protes, pajarkeun teh tadi teh lain
30,000 tapi 50.000. Kuring jadi gugutrut teu ateul, kumaha ieu
jelema teh, jadi robah kieu. Tapi embung ribut, ku kuring ditambahan
deui Rp. 10.000. Manehna tetep ngutruk, teu didenge, kuring terus we
asup ka jero kapal. Di kapal kuring nelepon ka babaturan di Tanjung
Pinang , menta dijemput di palabuhan. Enya cenah engke dijemput ku
supir, da manehna mah teu bisa, geus kagok aya di lapangan.
Teu kungsi lila, kapal teh jalan, ninggalkeun Pulo Batam. Hawa nu
kacida panasna di Batam, karasa jadi rada seger di laut mah. Teu
karasa nundutan, tepi ka sarena. Lilir-lilir kulantaran kapal
ngendoran. Breh katingali aya dermaga, jeung loba kapal-kapal
panumpang nu keur sandar. Kuring bingung ieu teh geus tepi kamana.
Ngareret ka babturan, manehna nyegrek keneh sare. Nya
noel ka panumpang sejen, nanyakeun geus tepi kamana.
"Tanjung Pinang Pak", cenah ceuk nu ditanyakeun teh.
Har geuning geus rek tepi, kuring nempo arloji, ampir sajam geuning
Batam-Tanjung Pinang teh. Kapal sandar di dermaga, babaturan kuring
naek pangheulana, kuring nuturkeun. Di dermaga ngageroan kuli sina
ngangkatan barang-barang ka dermaga. Waktu barang-barang geus
kumpul, rebut tawar jeung kuli nu boga roda, sabaraha ongkosna mawa
barang ieu kaluar ti palabuhan. Hasilna Rp. 30.000, sarua jeung
waktu di Punggur Batam. Bring kuring jeung babaturan ngiringkeun
kuli nu ngadorong roda mawa babawaan nuju panto kaluar. Pas tepi ka
panto kaluar, aya nu nyampeurkeun, terus nanya:
"Dari Bandung Pak?"
"Enya", ceuk kuring teh.
Manehna ngasongkeun leungeun ngajak sasalaman bari ngomong, "Saya
Iyus Pak, disuruh Pak Toni jeumput Bapak"
Kacida kuring atohna teu hese neangan nu ngajemput. si Pa Iyus terus
mawa kuring saparakanca kana mobilna. Barang-barang ditaekkeun kana
mobil. Saberesna ngasupkeun barang, kuring ngaluarkeun duit Rp.
30.000 terus diasongkeun ka kuli. Na atuh si kuli teh kalahka
protes, pajarkeun teh tadi lain Rp. 30.000 tapi kudu ditambahan deui
Rp. 20.000. Meg teh kana hate, tadi di Batam siga kieu ....eh di
Tanjung Pinang ge sarua. Kulantaran cape jeung lapar, kuring nyengor
rada nyeuneu, "bagaimana kamu ini?"
Si kuli ngajawab, kitu jeung kieu. Nempo kuring patorong-torong, si
Pa Iyus nyampeurkeun, bere we Rp. 10.000 deui, cenah. Nya kapaksa
golosor deui ditambahan. babaturan noel terus nyarita make basa
Sunda, "Pa, didieu mah geuning teu laku hasil nego teh, bisa robah
deui ukur dina 5 menit ....."
"Teuing atuh", ceuk kuring teh, bari asup kana mobil .......
[Hanca]
---------------------------------
Building a website is a piece of cake.
Yahoo! Small Business gives you all the tools to get online.