har geuning dongengna....pika atoheun kang eh maaf salah pikaseurieun.... ngobrol atuh kang....rek lalampah jauh teh....biar langsar lungsur....
----- Original Message ---- From: waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Wednesday, October 3, 2007 12:26:16 PM Subject: [Urang Sunda] Dua Poe di Tanjung Pinang (1) Malem Minggu kamari, jam satengah dua peuting, kuring duaan jeung babaturan ngageuleuyeung nuju Cengkareng arek ka Tanjung Pinang ngaliwatan Batam. Ka Tanjung Pinang teh lain rek ulin, arek digawe aya nu nitah, biasa akar-ukur dilapangan. Sabenerna mah hoream indit- inditan di bulan Puasa teh, komo kudu digawe papanasan mah, sieun batal puasa, ngan kumaha da "dipiwarang" juragan pangab (utuh) ......hehehehe. Indit peuting keneh teh, ngudag kapal Garuda nu hiber jam genep isuk-isuk supaya datang ka Tanjung Pinang isuk keneh ngarah bisa langsung digawe. Kuring acan kungsi nyaba ka Tanjung Pinang, jadi keur kuring ieu munggaran. Tepi ka Cengkareng jam 4 subuh, Counter check in Garuda nu ka Batam acan buka, nungguan satengah jam kakara buka. Kuring daftar pangheulana da nu sejen mah acan saurang oge anu datang. Beres daftar, langsung asup ruang tunggu, jle diuk. Karasa lelenggutan, tunduh jeung sungut pararait. Inget tadi basa rek indit ti imah ukur nginum kopi jeung kulub endog, itung-itung sahur, da rek dahar teh teu bisa, wareg keneh tas buka sorena. Kapal hiber pas waktuna, panumpangna ngan aya 30 urang. Atuh laluasa di jero teh, bisa ngagoler sagala. kuring tepi ka Batam kira-kira satengah dalapan. Sanggeus nyokot bagasi, kuring lapor ka bea cukai, menta surat yen alat-alat elektronik nu dibawa ku kuring teh ti Indonesia keneh. Surat ieu perlu, keur ditembongkeun waktu balik, bisi disangka barang bawa ti luar negeri. Beres aras-arus di Bandara Hang Nadim, terus naek taksi ka Talaga Punggur, dermaga kapal Ferry ka Tanjung Pinang, ongkos taksi Rp. 65,000. Tepi ka Punggur, kuring neangan portir, sabab barang teh tilu koli nu kabeh beuratna 90 kilo, acan tas pakean. Rebut tawar jeung kuli nu boga roda, rada lila da teu kira-kira mentana Rp. 60.000. Tapi akhirna turun jadi Rp. 30.000. Geus kitu kakara meuli karcis ka Tanjung Pinang, hargana Rp. 35.000 saurang, Aran ferryna Santosa. Terus asup ka ruang tunggu tempat kapal sandar. Ari sugan teh teu kudu mayar deui, ari pek teh kudu mayar asup ka ruang tunggu teh Rp. 4000/ urang. Di dermaga, kapal ferry acan datang, tapi aya kapal rada leutik, rada ngaharib-harib long boat. Ku portir barang-barang kuring langsung diasupkeun kana long boat ieu. Kuring protes da eta mah lain ferry Santosa. Si kuli teh kalahka ngomong kieu: " Biar cepat sampai Pak, karcisnya pun sama saja". Tadina mah kuring rek nolak, sabab rada trauma naek speed boat model kieu teh jeung keuheul ka kuli nu hayang geura-geura beres kawajibanana. Tapi batur kuring kalahka ngajleng asup ka jero kapal, nya kapaksa kuring ge ngiluan asup. Memeh asup, kuring mayar kuli, ngan waktu diasongan duit Rp. 30.000 teh, manehna protes, pajarkeun teh tadi teh lain 30,000 tapi 50.000. Kuring jadi gugutrut teu ateul, kumaha ieu jelema teh, jadi robah kieu. Tapi embung ribut, ku kuring ditambahan deui Rp. 10.000. Manehna tetep ngutruk, teu didenge, kuring terus we asup ka jero kapal. Di kapal kuring nelepon ka babaturan di Tanjung Pinang , menta dijemput di palabuhan. Enya cenah engke dijemput ku supir, da manehna mah teu bisa, geus kagok aya di lapangan. Teu kungsi lila, kapal teh jalan, ninggalkeun Pulo Batam. Hawa nu kacida panasna di Batam, karasa jadi rada seger di laut mah. Teu karasa nundutan, tepi ka sarena. Lilir-lilir kulantaran kapal ngendoran. Breh katingali aya dermaga, jeung loba kapal-kapal panumpang nu keur sandar. Kuring bingung ieu teh geus tepi kamana. Ngareret ka babturan, manehna nyegrek keneh sare. Nya noel ka panumpang sejen, nanyakeun geus tepi kamana. "Tanjung Pinang Pak", cenah ceuk nu ditanyakeun teh. Har geuning geus rek tepi, kuring nempo arloji, ampir sajam geuning Batam-Tanjung Pinang teh. Kapal sandar di dermaga, babaturan kuring naek pangheulana, kuring nuturkeun. Di dermaga ngageroan kuli sina ngangkatan barang-barang ka dermaga. Waktu barang-barang geus kumpul, rebut tawar jeung kuli nu boga roda, sabaraha ongkosna mawa barang ieu kaluar ti palabuhan. Hasilna Rp. 30.000, sarua jeung waktu di Punggur Batam. Bring kuring jeung babaturan ngiringkeun kuli nu ngadorong roda mawa babawaan nuju panto kaluar. Pas tepi ka panto kaluar, aya nu nyampeurkeun, terus nanya: "Dari Bandung Pak?" "Enya", ceuk kuring teh. Manehna ngasongkeun leungeun ngajak sasalaman bari ngomong, "Saya Iyus Pak, disuruh Pak Toni jeumput Bapak" Kacida kuring atohna teu hese neangan nu ngajemput. si Pa Iyus terus mawa kuring saparakanca kana mobilna. Barang-barang ditaekkeun kana mobil. Saberesna ngasupkeun barang, kuring ngaluarkeun duit Rp. 30.000 terus diasongkeun ka kuli. Na atuh si kuli teh kalahka protes, pajarkeun teh tadi lain Rp. 30.000 tapi kudu ditambahan deui Rp. 20.000. Meg teh kana hate, tadi di Batam siga kieu ....eh di Tanjung Pinang ge sarua. Kulantaran cape jeung lapar, kuring nyengor rada nyeuneu, "bagaimana kamu ini?" Si kuli ngajawab, kitu jeung kieu. Nempo kuring patorong-torong, si Pa Iyus nyampeurkeun, bere we Rp. 10.000 deui, cenah. Nya kapaksa golosor deui ditambahan. babaturan noel terus nyarita make basa Sunda, "Pa, didieu mah geuning teu laku hasil nego teh, bisa robah deui ukur dina 5 menit ....." "Teuing atuh", ceuk kuring teh, bari asup kana mobil ....... [Hanca] ____________________________________________________________________________________ Need a vacation? Get great deals to amazing places on Yahoo! Travel. http://travel.yahoo.com/

