Mobil nu mawa kuring saparakanca kaluar ti Palabuhan. Akhirna kuring tepi oge ka Tanjung Pinang, indit ti imah jam 2 peuting, tepi ka Tanjung Pinang jam 10 beurang. Jadi kuring geus 8 jam di perjalanan. Hawa Tanjung Pinang teh panas pisan, tikoro asa garing ...jeung sungut asa beuki parait. Di mobil sarerea ngaberetem, haroream ngobrol, da awak teh asa kacida lungsena. Si J, batur kuring ngadayagdag di jok tukang, katingalina kurang seger, beungeutna rada sepa. Meureun kuring oge sarua ......
Tapi bari lungse oge, kuring tumpa-tempo, nengetan kota Tanjung Pinang. Nu katempo ku kuring kota Tanjung Pinang teh gedena sarua jeung Sukabumi atawa Tasik, ngan leuwih sepi. Ari kotana mah lega ngan nu rame mah museur di hiji tempat, deukeut palabuhan. Topografi kotana, aya nu datar, aya nu turun naek. Jalan-jalan nu kaliwat, lumayan aralus. Tanjung Pinang nu baheula kungsi jadi ibu kotana Provinsi Riau, samemeh pindah ka Pakanbaru, ayeuna jadi ibukota Provinsi deui, ibukota Provisi Kepulauan Riau (Provinsi Kepri). "Pak, mau langsung ke lapangan atau mau makan dulu?", Pa Ius nanya ka kuring. "Makan? ....saya puasa!", ceuk kuring teh bari kumetap. "Oh maaf, bapa puasa. Lokasi Lapangan dipinggir laut Pak, di hutan, jauh kesana-kemari, panasnya luar biasa. Kalau bapa puasa, ada baiknya tetap bawa bekal dari sini, siapa tahu bapak enggak kuat puasanya. Soalnya disana tidak ada warung sama sekali", ceuk Pak Supir teh. Si J, babaturan nu diuk di jok tukang noel, bari nyarita: " Pa Abdi mah lieur yeuh ti tatadi, ripuh ku hawa panasna. Ah ari kudu langsung didamel di lapangan mah, mending batal we, urang makan we heula" "Hih ari taeun teh", ceuk kuring ka si J ...... tapi rada atoh, bari terus nanya ka Supir, "Pak Ius, ada rumah makan yang buka?" "Ada Pak nanti sebentar lagi" Teu kungsi lila kuring tepi ka Rumah Makan anu dituju. Pak Ius jeung si J langsung tuturubun turun tina mobil. Kuring tempa-tempo heula. Aman ..... da geuning rumah makan teh dikurubeng ku lawon hideung. Kuring turun tina mobil, bari mawa map nu eusina surat jalan ti kantor, terus asup ka Rumah makan. Si J nanya, kunaon make mamawa map surat jalan sagala. Ceuk kuring teh, bisi aya sweeping rumah makan siga di Ciamis, Tah pan urang mah keur jadi musafir, lengkep make surat jalan sagala ........... Si Pak Supir, sigana mah ngarti naon nu dimaksud, sanajan kuring ngobrol jeung J make basa Sunda. Manehna ngajelaskeun yen di Tanjung Pinang mah teu aya sweeping-sweepingan boh ka tempat hiburan peuting atawa ka rumah makan ti beurang. Jadi sanajan di bulan puasa oge, sagalana tetep saperti biasa. Tadina mah kuring teu percaya, da mayoritas urang Tanjung Pinang teh Muslim, tapi sanggeus ngaliwat ka Batu24, kakara kuring percaya. [Hanca]

