Tah pikeun urang tanjung pinang khususna, sebutan kilometer teh di ganti 
kuisitilah "Batu". Jadi Kilometer "0" atawa Batu Nol na aya di daerah pelabuhan 
tanjung pinang, mun di Bandungmah di daerah jalan Asia Aprika tegesna kantor 
anu aya tugu/patung lokomotip tea.
jadi nu disebut Batu 24 ku kang Ule teh nyaeta daerah anu daerahna jauh kurang 
leuwih 24KM ti pelabuhan TP atuh kasohor pisan didinyateh tempat icikibungna 
berenyit, jeung tempat jin miceun budak.
Mung kade mun lalaliwat ka daerah dinya mah tong sok ngahaja sindang bilih 
katarajang panyawat "duraring"......heu...heu... Kang Ule mah sigana tos teu 
bireuk deui da pasawahanana di Bintan kutan...??
Untung kang Waluya saparakanca mah ngan saukur muterkeun mobil wungkul, 
suganteh bade sakantenan buka puasa...pan musapir #$%^&*?.

Cag ah....
Asep Heriandi
Jarambah dugi ka Batam

  ----- Original Message ----- 
  From: Kang Ule 
  To: [email protected] 
  Sent: Thursday, October 04, 2007 2:39 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Dua Poe di Tanjung Pinang (2)


  ari Batu 24 mah mani langsung apal geuningan.. heuheuheuheuheu.....



  On 10/3/07, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 

    Si Pak Supir, sigana mah ngarti naon nu dimaksud, sanajan kuring 
    ngobrol jeung J make basa Sunda. Manehna ngajelaskeun yen di Tanjung 
    Pinang mah teu aya sweeping-sweepingan boh ka tempat hiburan peuting 
    atawa ka rumah makan ti beurang. Jadi sanajan di bulan puasa oge, 
    sagalana tetep saperti biasa. Tadina mah kuring teu percaya, da 
    mayoritas urang Tanjung Pinang teh Muslim, tapi sanggeus ngaliwat ka 
    Batu24, kakara kuring percaya. 

    [Hanca]



    .
     




   

Kirim email ke