> From: . Asep Heriandi
> Untung kang Waluya saparakanca mah ngan saukur muterkeun mobil wungkul, 
> suganteh bade sakantenan buka puasa...pan > musapir #$%^&*?.

Hehehehe ..... ah Kang Asep, kuring asup kadinya teh teu kahaja. Maklum 
kuring urang lapangan, tukang apruk-aprukan, jadi sakapeung sok teu kahaja 
kajeblos ka tempat nu teu pararuguh. Sabenerna kuring ngalaman sababraha 
kali asup ka "daerah hideung" teh, baheula keur sering pisan ka lapangan.

Pangalaman pikareuwaseun mah di Bandar Baru nu aya diantara Medan jeung 
Brastagi. Harita kuring keur survai geothermal di Gunung Sibayak, surveyna 
tepi ka kawasan Bandar Baru. Atuh kapaksa kukurusukan asup ka sela-sela 
imah-imah bordil. Harita kuring keur nempokeun babaturan keur ngukur, bari 
mamawa walkie Talkie (HT). Inget we, harita teh keur ngajanteng we di 
deukeut jandela anu nutup di hiji imah  di Bandar Baru. Babaturan 
gogorowokan dina HT, " Pindah ke 600 ....pindah ke 600,  sasaran tidak jauh 
dari rumah ....". Maksudna babaturan nitah pagawe lokal  neangan patok 600 
meter. Na ari gebray teh jandela nu nutup wae teh muka ........gajleng 
lalaki nu make kolor wungkul luncat, serebet lumpat sakulampat-lampet, siga 
nu sieun pisan ....... sakareretan kaciri dina jandela aya awewe pakepuk 
make baju. Kuring ukur hareugeueun jeung kacida reuwasna, kunaon eta jelema 
teh bet lumpat, mabur. Sanggeus lemlembutan balik deui, kuring gancangan 
nyampeurkeun pagawe lokal, terus nanyakeun ka buruh lokal. Ari ceuk buruh 
lokal teh: "Habis Bapa bawa-bawa HT dan bunyi terus, jadi disangka polisi, 
kali laki-laki itu orang enggak bener ......!"

Dua taun kamari, kuring survei di kawasan Bontang Kaltim. Babaturan nu 
hidrogeologist, neangan sumber cai, kuring nu nyupiran mobil, ari panunjuk 
jalan, urang Flores nu ngumbara di Bontang. Ceuk si Flores teh di km ....., 
ka arah Samarinda aya situ, caina loba pisan. Babaturan katarik, jadi nuju 
kadinya. Jauh oge, lamun teu salah mah aya 40 kilometerna. Ti jalan raya, 
belok asup ka hiji kampung. Disampakkeun portal, terus aya jalma ngasongkeun 
karcis kudu mayar. Kuring jadi bingung ngan dibayar we. Geus asup terus 
parkir mobil, loba nu nempokeun. Panasaran Si Flores teh ku kuring ditanya, 
geuning papada nempokeun, siga nu caruriga kitu? Si Flores teh nyakakak 
seuri, "Habis bapak-bapak datangnya di pagi hari, harusnya sore atau malam, 
disini ramai sekali, dan disambut ramah, kalau dipagi hari disangka petugas"
"Tempat apa ini teh?"
"Tempat hiburannya orang Bontang, cantik-cantik Pak, dari luar negeri juga 
ada, dari  Philipina", cenah ceuk si Flores.

Beu ...salah asup ieu mah, cilaka lamun aya moto kuring saparakanca, parkir 
mobil di tempat eta. Ari situna mah kapanggih, rada jauh 500 meter ti 
kompleks eta ....

Baktos,
WALUYA





Kirim email ke