Kumaha mun nyewa bajay!

Kacipta pisan aya bajay suat seot di cadas pangeran
Diluhurna nyunyuhun dus urut tipi 34 inci
Lewat alun alun supir bajayna nyorowok.....diana abissss!
Sanggeus nurunkeun panumpang geuleuyeung bajay maju deui.
Dina sapeker anu naklok dihandapeun jok kadenge aya sora awewe halimpu
"...pasipik...next destination!" 10X.....( aya busway euy di smd eh bajayway 
ketah)
Lewat sasak cipeles reg bajay eureun....supirna nyorowok deui....pasipik abisss!
pasipik abis....yang mau ke wado...darmaraja..situraja...turun disinih!
Burudul aya kana sapuluh urangna turun lebah dinya ( ke ke.ari bajay eusina 
sabaraha urang,
keun we nya..mun leuwih mah anggap we bajay meunang ngamodip,panjang kawas 
sedan limosin )
Rengse nurunkeun penumpang, supir bajay rurat reret ka jok pang tukangna.
Aya mojang sumedang ( boa rassa kitu?) keur anteng nundutan. 
Manehna ngorejat asa kagebah, basa supir bajay nyalukan
"Neng lungsur dimana?"
"Ari tugu endog tos kalangkung teu acan?" sorana serak serak baseuh, bleg we 
sora shereen sungkar
"Kaleresan ieu pan ditugu endog neng!"
"Oh muhun abdi lungsur di alam sari!"
"Nya bade teras kamana?" hatena galecok, sugan we cenah bisa nganteurkeun nepi 
ka imahna.
"Abdi linggih di tutugan gunung tampomas, kersa teu ngajajapkeun abdi dugikeun 
ka golodog?"
"Ih kantenan we...kumaha jalanna sae?"
"Pungkal pengkolna mah sapertos cadas pangeran, teras nanjakna persis tanjakan 
nagreg, ngan itu mah rada garinjul,kumaha Mau? Eh kersa ?"
Sirah supir bajay ngadadak nyanyautan, geus kabayang, mun bajayna mogok na 
tanjakan, mana teuing ngahegakna ngadorong,
katambah tonggongna ditaklokan nu geuliz da pasti ngagenjleh menta diakod.
sr


  ----- Original Message ----- 
  From: @ldo De$atura 
  To: [email protected] 
  Sent: Thursday, October 04, 2007 8:28 AM
  Subject: [Urang Sunda] Mudik ka sumedang KOMPOY



  dear,

  hanjakal euy.. kuring motorna teu sehat ... da gedean ngomeanana jadi males 
ah mun mawa motor tapi mun diboncengan mah tiasa oge tah eheheheh... dimana 
ngarumpulnaRecent Activity
    a..  14New Members
    b..  1New Photos
    c..  1New Files
  Visit Your Group 
  SPONSORED LINKS
    a.. Culture change 
    b.. Corporate culture 
    c.. Cell culture 
    d.. Organization culture 
    e.. Tissue culture 
  Ads on Yahoo!
  Learn more now.

  Reach customers

  searching for you.

  Y! Messenger
  Instant smiles

  Share photos while

  you IM friends.

  Yahoo! Groups
  Health & Fitness

  Find and share

  weight loss tips.
  . 
   

Kirim email ke