Saha anu rek kanu motor? kuring ngilu kompoy euy...rek liwat Cariu teras
Cianjur Bandung(by pass) Malangbong-Darmaraja....
Di Nagreg moal macet kitunya? hoream liwat Sumedang mah bosen....
Tanggal sabarah kang mulih? abdi tanggal 12 enjing!!
Start di Pondok Gede...
Sahman
syam <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kumaha mun nyewa bajay!
Kacipta pisan aya bajay suat seot di cadas pangeran
Diluhurna nyunyuhun dus urut tipi 34 inci
Lewat alun alun supir bajayna nyorowok.....diana abissss!
Sanggeus nurunkeun panumpang geuleuyeung bajay maju deui.
Dina sapeker anu naklok dihandapeun jok kadenge aya sora awewe halimpu
"...pasipik...next destination!" 10X.....( aya busway euy di smd eh bajayway
ketah)
Lewat sasak cipeles reg bajay eureun....supirna nyorowok deui....pasipik
abisss!
pasipik abis....yang mau ke wado...darmaraja..situraja...turun disinih!
Burudul aya kana sapuluh urangna turun lebah dinya ( ke ke.ari bajay eusina
sabaraha urang,
keun we nya..mun leuwih mah anggap we bajay meunang ngamodip,panjang kawas
sedan limosin )
Rengse nurunkeun penumpang, supir bajay rurat reret ka jok pang tukangna.
Aya mojang sumedang ( boa rassa kitu?) keur anteng nundutan.
Manehna ngorejat asa kagebah, basa supir bajay nyalukan
"Neng lungsur dimana?"
"Ari tugu endog tos kalangkung teu acan?" sorana serak serak baseuh, bleg we
sora shereen sungkar
"Kaleresan ieu pan ditugu endog neng!"
"Oh muhun abdi lungsur di alam sari!"
"Nya bade teras kamana?" hatena galecok, sugan we cenah bisa nganteurkeun
nepi ka imahna.
"Abdi linggih di tutugan gunung tampomas, kersa teu ngajajapkeun abdi
dugikeun ka golodog?"
"Ih kantenan we...kumaha jalanna sae?"
"Pungkal pengkolna mah sapertos cadas pangeran, teras nanjakna persis
tanjakan nagreg, ngan itu mah rada garinjul,kumaha Mau? Eh kersa ?"
Sirah supir bajay ngadadak nyanyautan, geus kabayang, mun bajayna mogok na
tanjakan, mana teuing ngahegakna ngadorong,
katambah tonggongna ditaklokan nu geuliz da pasti ngagenjleh menta diakod.
sr
----- Original Message -----
From: @ldo De$atura
To: [email protected]
Sent: Thursday, October 04, 2007 8:28 AM
Subject: [Urang Sunda] Mudik ka sumedang KOMPOY
dear,
hanjakal euy.. kuring motorna teu sehat ... da gedean ngomeanana jadi males
ah mun mawa motor tapi mun diboncengan mah tiasa oge tah eheheheh... dimana
ngarumpulna
.
www.friendster.com/sahman
www.geocities.com/ex_orientelux
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com