kang de, asana raosan jalur nu ieu euy. inspeksi kali malang-cikarang-karawang- saatos karawang dikenca aya alfa dikatuhu aya lapang belok kakatuhu via curug-purwakarta-wanayasa-jalan cagak [mun sakantenan touring] tong lewat kasomalang ngagilek we ngatuhu teras nonggoh ka ciater-tangkuban parahu-maribaya-setiabudi- balanja heula we ka cihampelas he he.
lewat wanayasa pamandanganana endah kang dibandingkeun ka cariu mah, seueur tukang sate deuih he he. tong nyebat hoream kang, bilih kawalat ku karuhun urang. puguh kang urang nagreg ge sok ngalangkung ka urang da sok total. hanjakal abdi mah rencana bade kanu beus bcu atawa eclag-eclagan ka cileunyi heula. hoream kang kanu motor teh sok melegeng cangkeng. insyaalloh mun teu aya pamengan malem jumaah ngabiur. mangga kang de wilujeng ngompoy, kade ati2 dijalan! sr ----- Original Message ----- From: Jatigede To: [email protected] Sent: Friday, October 05, 2007 7:42 AM Subject: Re: [Urang Sunda] Mudik ka sumedang KOMPOY Saha anu rek kanu motor? kuring ngilu kompoy euy...rek liwat Cariu teras Cianjur Bandung(by pass) Malangbong-Darmaraja.... Di Nagreg moal macet kitunya? hoream liwat Sumedang mah bosen.... Tanggal sabarah kang mulih? abdi tanggal 12 enjing!! Start di Pondok Gede... Sahman syam <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Kumaha mun nyewa bajay! Kacipta pisan aya bajay suat seot di cadas pangeran Diluhurna nyunyuhun dus urut tipi 34 inci Lewat alun alun supir bajayna nyorowok.....diana abissss! Sanggeus nurunkeun panumpang geuleuyeung bajay maju deui. Dina sapeker anu naklok dihandapeun jok kadenge aya sora awewe halimpu "...pasipik...next destination!" 10X.....( aya busway euy di smd eh bajayway ketah) Lewat sasak cipeles reg bajay eureun....supirna nyorowok deui....pasipik abisss! pasipik abis....yang mau ke wado...darmaraja..situraja...turun disinih! Burudul aya kana sapuluh urangna turun lebah dinya ( ke ke.ari bajay eusina sabaraha urang, keun we nya..mun leuwih mah anggap we bajay meunang ngamodip,panjang kawas sedan limosin ) Rengse nurunkeun penumpang, supir bajay rurat reret ka jok pang tukangna. Aya mojang sumedang ( boa rassa kitu?) keur anteng nundutan. Manehna ngorejat asa kagebah, basa supir bajay nyalukan "Neng lungsur dimana?" "Ari tugu endog tos kalangkung teu acan?" sorana serak serak baseuh, bleg we sora shereen sungkar "Kaleresan ieu pan ditugu endog neng!" "Oh muhun abdi lungsur di alam sari!" "Nya bade teras kamana?" hatena galecok, sugan we cenah bisa nganteurkeun nepi ka imahna. "Abdi linggih di tutugan gunung tampomas, kersa teu ngajajapkeun abdi dugikeun ka golodog?" "Ih kantenan we...kumaha jalanna sae?" "Pungkal pengkolna mah sapertos cadas pangeran, teras nanjakna persis tanjakan nagreg, ngan itu mah rada garinjul,kumaha Mau? Eh kersa ?" Sirah supir bajay ngadadak nyanyautan, geus kabayang, mun bajayna mogok na tanjakan, mana teuing ngahegakna ngadorong, katambah tonggongna ditaklokan nu geuliz da pasti ngagenjleh menta diakod. sr ----- Original Message ----- From: @ldo De$atura To: [email protected] Sent: Thursday, October 04, 2007 8:28 AM Subject: [Urang Sunda] Mudik ka sumedang KOMPOY dear, hanjakal euy.. kuring motorna teu sehat ... da gedean ngomeanana jadi males ah mun mawa motor tapi mun diboncengan mah tiasa oge tah eheheheh... dimana ngarumpulna . www.friendster.com/sahman www.geocities.com/ex_orientelux Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

