Dinten Juma'ah, bari ngabuburit di Pusat Studi Sunda diayakeun padungdengan 
ngeunaan wanoja Sunda nu superwoman. Harita nu jadi narasumberna teh dosen UIN 
jeung Teh Nonon dosen ti UPI. Duanana ge dosen basa Inggris. Ari moderatorna 
teh, Uwa Sas (Kuncen Kusnet). Disebut rame? Lumayanlah... Disebut teu rame? 
Hehehe.... Tuda ieu acara teh maksudna mah ngabuburit jeung buka bareng, 
silaturahmi, nya diayakeun padungdengan. 
  Harita sim kuring ngajukeun pananya ka Uwa Sas, kumaha lelembutan wanoja 
Sunda mun dipatalikeun jeung karakter Sunan Ambu dina carita Lutung Kasarung? 
Eksisrtensi Candoli (Nu cek sim kuring mah Candoli teh superwoman di tingkat 
handap), oge kearifan lokal nu disebut awewe teh patih goah. Hanjakal nara 
sumber nu cenah "wanoja Sunda" teh teu aya nu apal kana eta karakter?
  Duh, pareumeun obor, cek hate sim kuring teh! Naha apaleun ka carita Pucuk 
Umum nu kungsi nyekel kaprabon di Sumedanglarang? Carita Nyi Rambutkasih? Ka 
Lasminingrat (nu harita disabit2 ku Wa Hasan)? 
  Nya keun wae, meureun, leuwih gampang ngeunteung ka para femismeu urang 
Kulon, batan ngeunteung ka karuhun mah. Nu jelas, urang boga kaum feminis lian 
ti Dewi Sartika.
  
 

       
---------------------------------
Fussy? Opinionated? Impossible to please? Perfect.  Join Yahoo!'s user panel 
and lay it on us.

Kirim email ke