Wilujeng tepang deui Kang Usman Supendi, manawi kang kabayan teh sanes aom atuda, nyebat aom teh pan urang Sumedang mah sadayana ge menak. (Kang usman Supendi teh pangarang Sunda nu tos medalkeun bukuna Pantun Pangrajah kumpulan carpon, diterbitkeun ku PPSS/ 2002) He he,...leres pamendak teh kitu, dibenum janten moderator, numawi tadina mah bade nyabit nyabit hal "kaum perempuan" nu aya di tatar Sunda boh nu dina sastra, sajarah atanapi samodel Ma Eroh tea, mung teu dugi ka dinya. Katingalna kedah aya deui sawala sapertos kitu nu langkung museur ka "istri binangkit" Sunda. Ameng atuh ka abdi, ka rorompok, urang ngobrol nu rada panjaaaaanggg teh...!
MSas ----- Original Message ----- From: kang kabayan To: [email protected] Sent: Saturday, October 06, 2007 8:37 AM Subject: [Urang Sunda] Wanoja Sunda Teeuneung, Ludeung, jeung Bedas. Dinten Juma'ah, bari ngabuburit di Pusat Studi Sunda diayakeun padungdengan ngeunaan wanoja Sunda nu superwoman. Harita nu jadi narasumberna teh dosen UIN jeung Teh Nonon dosen ti UPI. Duanana ge dosen basa Inggris. Ari moderatorna teh, Uwa Sas (Kuncen Kusnet). Disebut rame? Lumayanlah... Disebut teu rame? Hehehe.... Tuda ieu acara teh maksudna mah ngabuburit jeung buka bareng, silaturahmi, nya diayakeun padungdengan. Harita sim kuring ngajukeun pananya ka Uwa Sas, kumaha lelembutan wanoja Sunda mun dipatalikeun jeung karakter Sunan Ambu dina carita Lutung Kasarung? Eksisrtensi Candoli (Nu cek sim kuring mah Candoli teh superwoman di tingkat handap), oge kearifan lokal nu disebut awewe teh patih goah. Hanjakal nara sumber nu cenah "wanoja Sunda" teh teu aya nu apal kana eta karakter? Duh, pareumeun obor, cek hate sim kuring teh! Naha apaleun ka carita Pucuk Umum nu kungsi nyekel kaprabon di Sumedanglarang? Carita Nyi Rambutkasih? Ka Lasminingrat (nu harita disabit2 ku Wa Hasan)? Nya keun wae, meureun, leuwih gampang ngeunteung ka para femismeu urang Kulon, batan ngeunteung ka karuhun mah. Nu jelas, urang boga kaum feminis lian ti Dewi Sartika.

