Sampurasun, Uwa!
  Aduh, Uwa mah bet bruk-brak atuh, hehehe... Kapan abdi teh nuju nyumput di nu 
caang. Numawi ti kapungkur ge abdi teh aub di Kusnet, ti taun 2004 keneh 
manawi. Kantos ngango e-mail asli abdi, mung kaduruk da kantos ditinggalkeun 
ngalalana heula ka pilemburan, nalungtik kasundaan. 
  Insya Allah, Uwa, abdi bade amengan ka bumi pangersa. Da ari ka bumina pun 
Yus R. Ismail mah sering, malum batur salembur, rerencangan ti aalit, rada 
haeub-haeub baraya, sakokocoran ti Rancakalong. Rencang ngurek, rencang ka 
leuweung, rencang ngadu langlayangan, teu sangki duanana jadi tukang 
kurung-karang, teu sangki resep kana kasundaan.
  Saur pun Iyus, bumi Uwa caket taman Merkuri. Insya Alloh abdi bade amengan ka 
ditu, hoyong maca pabukon kagungan pangersa Uwa manawi. Malum abdi teh lian ti 
jadi candoli di Galura teh, oge janten tukang ngajar di UIN, di Fak. 
Adam&Humaniora sareng di Syariah, oge di Uninus, di FKIP-na.
  Hatur nuhun Uwa parantos diangken wargi Sunda, nembe ayeuna yeuh dina sasih 
nu pinuh barokah. Tina opat taun kitu aub teh, nembe ayeuna dihip ku pangersa, 
sesepuh Kusnet. Mugian wae Kusnet apanjang-apunjung, nanjung di nagrina, nujul 
di babakan nu lian, seungit ka sagala nagri, bari Sunda tetep jay turta manjang 
ngalalana. Amin.
   
  Hatur nuhun
  Baktos
  Pun Usman (Kabayan Bandung)
   

       
---------------------------------
Boardwalk for $500? In 2007? Ha! 
Play Monopoly Here and Now (it's updated for today's economy) at Yahoo! Games.

Kirim email ke